![]() |
| Gambar ilustrasi |
Saragam Barudak SD Oge Diteureuy, Meuni Teu Boga Kaera!!
Kompak, adil, jeung merenah? Henteu lur! Ieu mah carita ngeunaan Bupati Langkat periode 2025–2030, Syah Afandin (SAF), nu kakara ge melenghir jadi pamingpin, geus napsu hayang beunghar ku jalan muter.
Dikutip ti media Tribunnews.com, KPK (Komisi Pemberantasan Korupsi) anyar-anyar ieu ngayakeun Operasi Tangkap Tangan (OTT) di tilu wilayah sakaligus. Hasilna? Beunang tah si bupati laer peujit, katangkep basa keur meureut duit haram nu totalna nepi ka Rp 4,4 miliar! Gusti nu Agung, meuni ku teungteuingeun.
Nu matak ngelus dada, si bupati ieu teh tétéla teu milih-milih kadaharan. Sagala diteureuy. Lain ngan saukur menta fee tina proyék jalan atawa jembatan, tapi nepi ka urusan mutasi jabatan Camat, jual-beli korsi Kepala Sekolah (SD jeung SMP), nepi ka pengadaan saragam barudak SD oge dicopétan jatahna! Geus teu kaur manggihan duit sigana mah, nepi ka baju sakola barudak leutik oge dikorédan keur eusi kantong pribadina. Ieu mah lain pamingpin rahayat, tapi "beurit" nu maké dasi!
Akal Bulus jeung Setoran Tim Sukses
Mimitina mah kieu, aya pengusaha sakaligus urut Tim Sukses SAF pas Pilkada 2024, ngaranna Yaqub Abdhal Al Mu’arif (YQB). Kusabab geus ngabantu SAF jadi bupati, Yaqub dibéré "hadiah" mangrupa 80 pakét proyék di Dinas Pendidikan jeung 5 pakét di Dinas Permukiman (Disperkim). Nilaina henteu saeutik, miliaran rupiah!
Tapi apan dina dunya koruptor mah taya nu haratis. Si Bupati ménta fee atawa jatah preman birokrasi:
* Jatah ti proyék Dinas Pendidikan: 10 persén
* Jatah ti proyék Disperkim: 17 persén
Singkat carita, ti taun 2025 nepi ka April 2026, si Yaqub geus nyicil nyetor duit nepi ka Rp 800 juta ka si bupati liwat supir pribadina nu ngaranna Zulkifli. Nah, pas ahir Juni 2026, si bupati mimiti "sakau" duit deui, nungtut sésa setoran Rp 300 juta. Tapi Yaqub ngan sanggup Rp 100 juta.
Kusabab si bupati geus ngambeu intel KPK keur ngintip, manéhna nitah jalma kapercayaanna, Syahrial, pikeun mawa eta duit di sahiji kafe di Kota Medan. Maksudna mah ngarah aman jeung sidem. Tapi nya kitu tea, sepinter-pinterna monyét luncat, angger we labuh. Pas mobil Syahrial keur nyemprung ka arah Binjai, langsung dicegat ku tim KPK. Pas dipariksa, éta duit Rp 100 juta disumputkeun di sahandapeun jok hareup. Meuni jiga nyumputkeun lauk asin di pasar!
Nimbun Platinum dina Mobil
Nu matak hookeun téh pas KPK ngabeledeg imah jeung mobil operasionalna. KPK manggihan duit asing (Dolar Singapura jeung Ringgit Malaysia) nu nilaina Rp 1,22 miliar. Lain éta wungkul, di jero mobil dinas bupati aya 55 keping logam platinum nu beuratna 55 kilogram !
Edan henteu? Batur mah dina bagasi mobil téh mawa ban serep atawa dongkrak, ari bupati Langkat mah mawa platinum puluhan kilo! Duka keur naon, duka sieun aya kiamat duka pédah bingung nunda duit haram nu geus badag teuing.
Ayeuna, Syah Afandin geus resmi maké baju héjo-oranye alias jadi tahanan KPK di Jakarta, ari si Yaqub dijebloskeun ka Rutan Polresta Medan. Karunya ka para PNS jeung guru-guru di Langkat nu jujur, sistem di dinya ruksak alatan pamingpin nu sarakahna geus tingkat déwa.
Kasimpulanana: Pilkada mahal teh sok ngalahirkeun pamingpin nu hulu-pundukna duit hungkul. Jadi jalma téh tong sarakah teuing, komo nepi ka ngadahar hak baju sakola budak SD mah. Supata ti barudak yatim jeung rahayat miskin mah langsung manjur, tah ayeuna rasakeun tah haneutna kamar rutan!
Cag !!

0 Komentar