Geger Topeng Integritas Oknum Pejabat: Pangkat Melesat, Moralitas Bangsat


Gambar ilustrasi ai.

Ku: Redaksi Majalah Perjuangan 


Korsi kakawasaan teh emang ajaib, lain saukur dongeng ti tukang siomay. Kakawasaan bisa ngarobah sora "dehem" saurang pajabat jadi titah anu sakral, sarta ngarobah lengkah sukuna anu tadina biasa wae, ayeuna mah osok gogodeg asa pangwibawana di luhur karpet beureum kakawasaan.


Tempo we carita sukses saurang birokrat di hiji daerah: ngarayap ti staf biasa, ngajilat pupuhu pajabat, melesat jadi camat, nepi ka ayeuna mulus lungsur-langsar diuk dina korsi empuk Kepala Dinas (Kadis). Upami tos nangtung di podium, pidatona teh mani nyongkab, hurung ngagedur. Ngomongkeun roda pangwangunan, tarangna mani ngerut pinuh ku beban, saolah-olah mikiran sakabeh nasib rahayat dina taktakna.


Sok komo lamun geus nyangkut urusan lawan jinis. Teu saeutik wanoja anu kagoda ku gaya bicarana—spesialis bangsat wanita, cek paribasana mah. Geus jadi carita sabiwir hiji, loba wanoja nepi ka khilaf ngorbankeun mahkota kahormatanna demi janji-janji manis kawasa.


Tapi, paribasa kolot mah tara bohong: "Jabatan bisa naekkeun pangkat, tapi can tangtu bisa ngaluhurkeun akhlak."


> Meuli lawon ka Pasar Kroya,

> Sutra endah warnana rupa-rupa.

> Gagah pidato di payuneun balarea,

> Hanjakal poho ka anak pamajikan di imahna.


Ambeu Amis ti Korsi Kabid

Sajaba ti eta, sabot manehna masih keneh diuk dina korsi camat, sabenerna aya ambeu hanyir anu mimiti kaluar, jadi menu wajib keur sabiwir hiji di warung kopi. Aya carita peurih ngeunaan saurang wanoja ngora anu ngadadak kudu nanggung beban hirup sorangan, ngadagoan tanggung jawab ti saurang lalaki anu ayeuna nanggung jabatan Kepala Dinas dina pundakna.


Di juru kota, aya budak anu tumuwuh bari pinuh ku patanyaan anu teu kungsi manggihan jawaban. Saha bapana? Duka teuing. Eta kabar teh les we leungit, menguap di sela-sela rohangan kerja anu make AC, kalah gandeng ku sora keprok protokoler.


Wanci lumampah, pangkat nambahan, fasilitas beuki méwah, ajudan oge siap sedia mangga-mangga. Tapi ingetan publik mah lain kertas kosong anu babari dihapus ku Tip-Ex.


Ayeuna, saenggeus genah diuk salaku Kadis, eta panyakit a moral teh datang deui. Can garing ingetan anu heubeul, geus mucunghul deui gosip anyar ngeunaan deukeutna manehna jeung wanoja ngora sejenna. Publik jadi kerung. Di mana atuh letak kompas moral saurang "palayan rahayat" teh? Kumaha bisa dipercaya ngurus urusan publik anu sakitu pabeulitna, lamun ngurus tanggung jawab moral dirina sorangan wae geus kadodoran jeung abur-aburan?


Integritas Lain Saukur Nyerep Anggaran!

Ieu teh lain saukur urusan domestik atawa gosip selebritis lokal, lain! Ieu teh urusan integritas publik. Rahayat ayeuna mah teu bodo. Maranehna moal neuleu pamingpin ngan saukur tina kandelna berkas laporan kerja, luhurna angka serepan anggaran, atawa tina ceremonial gunting pita hungkul. Rahayat mah neuleu katuladan.


Lamun saurang pamingpin geus gagal ngajaga moralitas dasarna salaku manusa, anu runtuh teh lain ngan saukur reputasi pribadina, tapi oge komara (marwah) institusi anu dipimpinna. Kakawasaan tanpa karakter hade mah ngan saukur topeng murah anu iraha wae bisa paregat digiles ku waktu.


> Melak pare jadi ilalang,

> Pare dipanen di jero karung goni.

> Lamun watek aslina geus taranjang,

> Rek make topeng naon deui, Jang?


Pajabat model kieu teh sabenerna mah "bom waktu". Manehna lain ngan saukur jadi beban moral keur masyarakat anu dipimpinna, tapi oge jadi beban berat keur pimpinan di luhureunana anu kudu pipilueun sibuk ngumbah piring kotor alatan kalakuan bejad manehna.


Sajarah salawasna boga cara sorangan keur ngawurukan urang. Jabatan teh aya tanggal kadaluarsana. Lambat laun, korsi empuk eta bakal diganti. Papan ngaran di panto kantor bakal dicopot. Pangawal jeung ajudan bakal malik arah nuturkeun dunungan anu anyar.


Tapi, tapak moral—atawa borok moral—bakal tetep tinggal, napel jauh leuwih lila batan masa jabatan anu fana jeung sakedapan eta.


Kumaha, Jang? Panjang keneh lalakon teh. Suruput kopina heula jang, huahaha… Sangkan rada tenang ningali kalakuan para oknum pejabat anu keur maruru kakawasaan tapi poho kana purwadaksina.


Cag!!


0 Komentar