
Mang Obet, Aktivis Karawang
KARAWANG — Warung Abah di sisi Jalan Siliwangi, Karawang Barat, dadak ramé Rebo (20/05). Di antara haseup udud anu mulek jeung status WA anu pinuh ku luluasan, aya hiji isu anu keur digoréng léngtop ku barudak aktivis jeung wartawan lokal. Lain keur ngomongkeun randa herang atawa harga béas anu beuki tiséureud, tapi keur ngesangkeun urusan proyék sékat dinding di gedong déwan anu keur viral di medsos.
Éta proyék témbok pembatas, ayeuna geus panceg jadi bahan omongan ti mimiti media sosial nepi ka ranah obrolan warung kopi sisi jalan.
"Ah, geus biasa ceuk kuring mah keur oknum pajabat mah. Ibarat kura-kura dina parahu, alias pura-pura teu nyaho! Éra mah geus euweuh, nu aya téh pinter kodek," ceuk Mang Obet, salah sahiji aktivis nu sok mindeng ngasongkeun kritik lada, bari nyuruput kopi hideung paitna.
Sugan téh déwan téh hayang nyékat rohangan sangkan merenah gawé, ari pék téh kalah nyékat informasi méh rahayat teu bisa nénjo naon nu keur dikolécérkeun di jero. Di jaman ayeuna, netizen mah panonna leuwih seukeut batan huntu hiu. Proyék leutik gé lamun bau-bau 'bancakan' mah pasti langsung kaambung!
Akurasi Lambé Pajabat: Rakyat Bohong Disatru, Nagara Bohong Disebut Strategi
Bari ngariung jeung batur-batur, Mang Obet mimiti mawa carita nu rada jero tapi bari ngabodor. Manéhna ngutip omongan Bill Murray, aktor jeung komedian urang Amérika nu resep nyindir pamaréntah ku gaya banyol tapi peurah.
“Lamun rahayat leutik ngabohong ka nagara, éta ngaranna ngalanggar hukum, kriminal, plus dosa gedé. Tapi, lamun pamaréntah atawa pajabat nu ngabohong ka rahayat, bungkusanana sok malik jadi gaya: strategi politik, keur kapentingan nagara, atawa pencitraan publik."
Tah, eta pisan nu keur kajadian di Karawang! Lamun rahayat telat bayar pajeg motor, langsung ditéwak atawa didenda. Tapi lamun aya proyék di gedong déwan nu teu parat sarta rincianna teu parat, pajabatna kalahka maen ucing-ucingan. Padahal, mun nempo aturan dina UU No. 14 Tahun 2008 ngeunaan Keterbukaan Informasi Publik, duit APBD nu dipaké nyieun éta sékat témbok téh lain duit karuhun maranéhna, tapi duit ladang ngésangna rahayat! Kudu jéntré atuh dipakéna keur naon!
Ieu mah, unggal ditanya ku wartawan, jawabanana téh muter jiga wahangan. Pura-pura teu nyaho, atawa mawa alesan "keur kanyamanan gawé". Kanyamanan saha? Kanyamanan rahayat atawa kanyamanan nu keur ngabagi-bagi proyék?
Tong Nepi Ka Rahayat "Poék Ati"
Perkara sékat témbok ieu sabenerna lain ngan saukur urusan semén, bata, atawa GRC. Ieu mah urusan public trust—kapercayaan rahayat nu beuki poé beuki murengked jiga kurupuk kakeueum caah. Lamun gaya "kura-kura dina parahu" ieu tuluy-tuluyan dipaké, rahayat bakal bosen jeung cuek. Engké bédana omongan pajabat nu bener jeung nu keur ngabodor téh jadi ipis pisan.
Mun nujul kana UU No. 23 Tahun 2014 ngeunaan Pemerintahan Daerah, déwan téh fungsina keur ngawas, lain keur mamrih proyék di jero imah sorangan bari nyumputkeun fakta. Atuh pantes waé lamun rahayat curiga, bisi éta sékat dinding téh ngahaja dijieun méh teu kaciri mun keur "héhéh-héhoh" ngatur anggaran.
Pamaréntahan anu séhat mah lain ukur modal nétas-nétis pédah boga kawasa jeung partéy gedé. Tapi kudu boga modal kajujuran. Sabab, saalus-alusna bangké dibungkus, ambeuna mah bakal kaangseu kénéh. Kapercayaan rahayat moal bisa awét lamun saban poé dipasihan 'bélokan' narasi jeung akrobat kecap nu taya tungtungna.
Sékat dinding di gedong déwan mah meureun keur ngabatesan kamar. Tapi sing inget, tong nepi ka éta témbok jadi panghalang anu hawek, nu misahkeun antara eusi peujit rahayat jeung ceuli para wakilna nu keur diuk ngeunah dina korsi empuk. (Red)
0 Komentar