![]() |
| Mang Obet, Aktivis Karawang. |
KARAWANG – Salasa beurang (19/05), hawa Karawang keur meujeuhna bayeungyang. Di handapeun tangkal mangga anu ngajajar rapih sapanjang Jalan Siliwangi, angin sepoi-sepoi téh kalahka asa nambahan tunduh. Tapi, di Warung Abah, gigireun kantor Bapenda, suasana kalahka sabalikna. Aya nu keur "ngagolak".
Mang Obet, aktivis anu geus kaceluk ka awun-awun tukang moro korupsi jeung oknum pejabat tukang ijon proyek, geus diuk maceuh. Haseup roko bodasna ngebul siga lokomotif, tandaning aya informasi "peurah" anu sakeudeung deui bakal dimuntahkeun ka Tim Redaksi Majalah Perjuangan.
"Urang ngopi di dieu, tong loba tatanya. Penting!" ceuk Mang Obet dina telepon, sora tegep siga nu keur nangtang gelut, tapi maksudna mah ngajak babagi fakta.
Begitu tim redaksi nepi, Mang Obet langsung ngabura...
"Ayeuna mah loba oknum dewan nu sibuk teuing mainkeun Pokir (Pokok Pikiran), tungtungna jadi poho mikir! Matak teu anéh lamun aya pangerjaan di imah dewan sorangan nepi ka teu kaurus, da uteukna geus pinuh ku angka-angka setoran," ceuk Mang Obet bari seuri konéng.
Kacamata Hideung jeung "Earphone" keur Dewan
Obrolan beuki panas nalika Mang Obet nyabit-nyabit soal proyek panyekat dinding di lingkungan Setwan anu keur jadi omongan di warung kopi nepi ka médsos. Masalahna klasik: barang geus ngajedog, tapi surat jeung aturanana disinyalir masih "halimun".
"Kieu wé, kuring mah usul ka Setwan. Pangmeulikeun kacamata hideung nu pangpoékna jeung earphone nu pangmahalna keur éta anggota dewan," ceuk Mang Obet bari ngetrok-ngetrok lebu roko.
"Naha?" Tim Redaksi nanya.
"Ambeh paningalna poék pisan, ambeh ceulina budeg teu ngadéngé jeritan masarakat! Ambeh maranéhna hirup genah di rohangan AC bari ngalamunkeun jatah Pokir. Pan geus biasa kitu, lin?" tembalna deui, seukeut nembus kana jantung kawijakan.
Fungsi Pangawasan Anu "Katarak"
Sacara aturan, dewan téh boga pancén ngawas anggaran. Tapi, ceuk Mang Obet, ieu mah siga nu keur maén ucing sumput. Di imah sorangan aya proyek nu jadi sorotan publik, naha ari dewan bet siga nu teu nempo jeung teu ngadéngé?
"Kumaha rék ngawas anggaran triliunan pikeun rahayat, ari panyekat tembok di hareupeun irungna sorangan waé geus ramé jadi fitnah tapi maranéhna caricing baé? Siga nu teu boga dosa," ceuk Mang Obet bari rada nanya.
Manéhna negeskeun deui ku istilah anu geus loba nu nyaho, "Sigana mah, loba oknum dewan anu geus bermata peda! Panon aya, tapi nempo nu bener mah bet lamur, ari nempo duit mah bet buringas."
Nungguan Nyali di Balik Tembok Gedong Déwan
Suasana di Warung Abah semu jémpé. Daun mangga di Jalan Siliwangi tinggaropak katebak angin, tapi isu ieu moal bisa hiber kitu waé. Publik ayeuna nanya: naha para wakil rahayat téh rék terus maké "kacamata hideung", atawa wani muka éta sekat-sekat kapentingan ambeh sagalana caang bulan opat belas?
Mun fungsi pangawasan geus tumpul ku ijon, saha deui nu rék dipercaya ku rahayat? Majalah Perjuangan moal bosen ngulidit, bakal terus ditalungtik nepi ka kapanggih saha nu sabenerna keur maén di balik tembok Setwan Karawang.
Tim Redaksi Majalah Perjuangan

0 Komentar