Obrolan Mang Obet di Warung Kopi: Bunga Bank Mencekik, "Nu Leutik" Jadi Sapi Perah

 

Gambar Ilustrasi

Ku: Redaksi Majalah Perjuangan

 

KARAWANG – Haseup rokok bodas ngebul mulek di awang-awang, marengan sora sendok anu diadu jeung gelas kopi di Warung Mang Birin, komplek Gedung DPRD Karawang, Rebo sore (13/5/2026). Di dinya, Mang Obet, aktivis Karawang anu nelah tara kireum-kireum mun nyarita, keur museurkeun amarahna.

 

"Gelo tuda, Dun! Ieu mah geus lain deui urusan kaadilan, tapi urusan 'nu beunghar dipiara, nu sangsara diperes'!" ceuk Mang Obet bari mendelik, huntuna rada kekerewet nahan keuheul.

 

Nu jadi sabab, Mang Obet asa kapiasem ningali logika bank di nagara ieu. Rakyat leutik nu ngan saukur hayang nginjeum modal Rp2 juta nepi ka Rp10 juta keur dagang gorengan atawa seblak, kudu nanggung bunga nepi ka 24 persén. Padahal, para pangusaha kakap nu geus lintuh budayut ku harta, bungana ngan saukur 9 persén.

 

"Ari nu beunghar dibéré karpét beureum, ari nu miskin dibéré tali peurah! Anu kieu disebut nagara Pancasila?" sindir Mang Obet bari nyerebungkeun haseup rokokna deui.

 

Prabowo Ngamuk: "Potong Kompas" Améh Teu Loba Cingcong

Nalika di Karawang Mang Obet keur gogodeg, di Jakarta tétéla Presiden Prabowo Subianto geus teu kuat nahan 'mules' ningali ketimpangan ieu. Presiden langsung ngaluarkeun jurus "Potong Kompas". Manéhna negeskeun yén bunga pikeun nasabah PNM Mekaar kudu turun drastis.

 

“Bayangkeun, nu beunghar dikasih bunga 9 persén, nu miskin 24 persén. Ieu nagara Pancasila, apa lain? Kuring ge teu ngarti!” ceuk Prabowo bari teugeug dina hiji acara di Jakarta.

 

Presiden langsung nitah Danantara jeung Menteri Keuangan améh bunga Mekaar dipatok jadi 8 persén. Siga nu keur nawar harga jéngkol di pasar, tapi ieu mah nawar harga diri rakyat leutik améh teu terus-terusan dicekik ku sistem perbankan anu 'dzolim' mirip lintah darat.

 

Jurus "Tukar Guling" jeung Strategi Menkeu

Mang Podun, nu jadi batur ngopi Mang Obet, unggeuk-unggeukan bari nyeruput kopi hideungna nu masih kénéh panas. Manehna boga béja yén Menteri Keuangan Purbaya Yudhi Sadewa geus siap-siap mindahkeun duit subsidi.

 

"Cenah mah, Mang Obet, subsidi KUR téh rék digésér saeutik keur ngabela ibu-ibu nasabah Mekaar. Terus PNM ogé rék ditarik, dijadikeun langsung sahandapeun Kemenkeu, lain di handapeun BRI deui," ceuk Mang Podun méré pencerahan.

 

Ieu strategi "Tukar Guling" téh jiga mindahkeun barang ti dapur ka tengah imah améh leuwih gampang diawaskeun. Rencanana:

* Danantara Jadi Panglima: Badan anyar ieu nu bakal ngitung bener-bener améh bunga beneran mendarat di angka 8 persén.

* Duit Rp40 Triliun: Tibatan duit subsidi hambur teu puguh, mending dialihkeun keur maranéhna nu bener-bener butuh modal receh tapi mangpaatna gedé.

 

Gaya "Cohag" tapi Ngarep

Pikeun Mang Obet, ieu léngkah pamaréntah téh kudu dikawal nepi ka akar rumput. Ulah nepi ka ukur jadi "angin surga" dina mangsa kampanye atawa pidato politik wungkul.

 

"Léngkah ieu téh 'perang' sabenerna mah! Perang ngalawan sistem nu geus lila nyedot getih rakyat super-mikro. Urang tingali wé, naha ieu téh beneran 'merdeka' keur ibu-ibu pejuang ékonomi, atawa ngan saukur ganti casing tapi jerona angger pait?" ceuk Mang Obet mungkas obrolanana bari neundeun gelas kopi nu geus coréngat.

 

Di luar, langit Karawang mimiti meredup. Mang Obet jeung Mang Podun balik bari mawa harepan: muga-muga isuk jaganing géto, nginjeum duit ka nagara moal deui matak jadi panyakit jantung alatan bunga nu kacida luhurna.

 

Cag !

0 Komentar