
Gambar ilustrasi.
KARAWANG — Sabtu siang, 16 Mei 2026. Di handapeun haseup polusi jeung hawa Karawang anu bayeungyang, aya pamandangan anu rada kontras di Jalan Arif Rahman Hakim. Persis di harepeun Kantor Dinas PUPR Karawang—gedong anu agung tempat muterkeun duit rahayat—aya "parlemen jalanan" anu leuwih jujur batan sidang paripurna. Enya, warung kopi Mang Ujang.
Di dinya, opat urang aktivis Karawang keur nungguan nasib bari nguyup kopi hideung. Sabenerna rombongan teh loba, ngan duka teuing Mang Obet, Mang Asep, jeung Mang Teguh mah masih keneh kajebak macet, atawa bisa jadi keur macet mikiran setoran.
Aktor utama urang poe ieu, Mang Jajat, mimiti muka adegan. Rokok kretek Samsu diseungeut, dikenyot jero pisan nepi ka pipina kempot, tuluy haseupna ditiupkeun. Bodas, kandel, muter ngeusian opat penjuru angin—kosong, sepi, jiga eusi paket proyék ayeuna.
"Kiwari, para pemborong proyek, culang-cileung mikiran Paket Pokir dipariksa APH (Aparat Penegak Hukum). Sementara Paket Dinas beak ku timna. Terus aing nyatu, sumber timana lur...?" curhat Mang Jajat bari tarangna kerung, jiga jalan kabupaten anu masih loba liangan.
Om Martin, anu ti tatadi ngomean korek, nempas bari seuri pait. "Atuh jadi penonton, ukur bisa gigit jari pemborong teh lamun kitu mah, Mang Jajat!"
Mang Surya, sosok anu katingalina geus legok tapak genteng kadek, laluasa dunya akherat, nembalan kalem, "Nyaa matak ngalaman kitu oge, geus nasib meureun."
Tapi omongan Mang Surya langsung ditéwak ku Mang Adeng. Bari seuri ngakak, Mang Adeng nyeletuk, "Ari nasib Mang Surya mah teu ngaruh saha wae Bupati na, Paket mah ngalir terus!"
"Benar pisan Mang Adeng, heheee. Teu ngaruh pisan saha bupati na oge,"walon Mang Surya bari seuri ngabarakatak. Tah ieu tipe pemborong "Spesies Langka", bupati ganti, rezim pabeulit, manehna mah tetep seseleket meunang bagian.
Ngan, Mang Dani teu hayang carita ieu jadi romantis teuing. Manehna nempas bari mamawa realita anu rada murel. "Sanes nasib Mang Surya. Anu jelas mah akibat salah dukungan! Rezim ayeuna mah kudu meser. Lamun hayang proyek teh kedah sistem ngijon!"
Mang Surya langsung masang beungeut serius. "Emangna kudu ijon sabaraha persen tah, Mang Dani?"
"Geus rahasia umum, cak-cak bodas anu nempel di Pemda oge geus arapaleun," tembal Mang Dani, cuek.
Mang Jajat anu ti tatadi ngahuleng—mikirkeun dapur imahna anu geus mimiti ngebulna ku haseup rokok hungkul—geuwat ngaharewos ka Mang Dani, "Mang Dani, uing daek atuh miluan ijon mah..."
Warung Kopi Mang Ujang, ngadadak sepi, opat aktivis ngadadak caricing, ukur rame ngocoblak dina alam pikiran masing-masing.
Pagu "Disunat", Rahayat Anu Merana
Samentara eta, di dunya medsos, berita keur viral: Kota Pangkal Perjuangan keur "teu baik-baik saja". Di luhur meja sidang APBD, caritana mah keur ngabangun Karawang anu megah. Tapi di handapeun meja, aroma amis "Ijon Proyek" geus bau bangke, nyelekit kana irung.
Ieu praktik purba—dimana anggaran geus dicowek saacan semen mimiti diaduk—ayeuna keur disorot seukeut ku Jajaran Wartawan Indonesia (JWI) Kabupaten Karawang.
Ketua JWI Karawang, Hamid Hermawan, teu bisa nyumputkeun amarahna pas panggih di Villa Empang, Jalan Manunggal VII. Keur Hamid, ijon proyek ieu lain saukur salah administrasi, tapi geus panyimpangan jahat kana Perda APBD.
"Ibarat paribasa: geus labuh, katindihan tangga pula! Pagu anggaran paket proyek geus dihakan ijon, eh, HPS (Harga Perkiraan Sendiri) material berubah jeung loncat tina harga semula," ceuk Hamid bari beungeutna beureum ambek.
Pola ruksakna jentre: proyek can prung, duitna geus didahar tiheula puluhan persen keur "setoran awal". Pas proyek kudu jalan, harga material di lapangan naek. Nu matak, kualitas bangunan geus pasti bakal amburadul jeung "asal jadi". Kontraktor kudu muter otak kumaha carana nombokan "biaya siluman" anu geus dibayar di hareup. Nu jadi korban? Nya rahayat Karawang anu kudu ngaliwatan jalan aspal saumur jagong.
Cag !
0 Komentar