![]() |
| Alun-alun Karawang robah jadi lautan manusa. |
Ku: Redaksi Majalah Perjuangan
Simbol Agung di Tanah Galuh, Ngahirupkeun Deui Sumanget Silih Asah Silih Asih, Silih Asuh
KARAWANG – Saptu soré (9/5/2026), Alun-alun Karawang robah jadi lautan manusa. Lain saukur ramé ku nu dagang atawa nu ulin biasa, tapi rébuan warga ngagimbung hayang nyaksian hiji peristiwa anu jarang kajadian: datangna Mahkota Binokasih, simbol agung peninggalan Karajaan Sunda.
Ti saprak soré, hawa sakral geus mimiti karasa. Nalika rombongan kirab datang, sora gamelan nu mumbul ka langit marengan léngkah-léngkah nu mawa pusaka, nyieun sakur nu lalajo jempé dina rasa hormat. Di dieu, sajarah téh lain saukur dongéng dina buku, tapi jadi bukti nyata yén urang Sunda boga jati diri anu luhur.
![]() |
| Miniatur Mahkota Binokasih |
Lesehan Khidmat: Ajaran Silih Rendahkeun Diri
Sateuacan arak-arakan dimimitian, aya hiji pamandangan anu matak muringkak bulu punduk. Gubernur Jawa Barat, Dedi Mulyadi, bareng jeung tokoh-tokoh séjénna saperti Bupati Karawang Aep Syaepuloh, ngayakeun prosesi "Lesehan Khidmat".
Maranéhna diuk amparan jagat, sila ipis dina taneuh, taya bédana jeung rakyat biasa. Ieu teh simbol yén pamingpin Sunda mah kudu "handap asor". Mahkota Binokasih anu dibawa lain keur pamer kaméwahan, tapi panginget yén amanah pamingpin téh nyaéta ngalayanan rahayat.
"Panasaran hayang ningali ritualna, karasa pisan sakralna. Salaku urang Jabar, aya rasa reueus anu hésé diucapkeun ku basa," ceuk Neng (17), rumaja ti Desa Sukamerta, Rawamerta anu ngahaja datang jauh-jauh.
![]() |
| Gubernur Jawa Barat, Dedi Mulyadi, bareng jeung tokoh-tokoh séjénna saperti Bupati Karawang Aep Syaepuloh, ngayakeun prosesi "Lesehan Khidmat". |
Ngajaga Obor Sajarah Sangkan Teu Pareum
Keur barudak ngora, ieu acara téh jadi sakola budaya anu nyata. Loba warga, saperti Asep (25), ti Desa Anggadita , anu mimitina teu apal naon éta Mahkota Binokasih. Tapi sanggeus nempo langsung, manéhna jadi sadar yén dirina téh boga pakuat-kait jeung sajarah Pajajaran anu sakitu agungna.
Kirab budaya anu jejerna "Subang Larang, Nebar Kaheman" ieu midangkeun 27 rupa kasenian ti sakuliah Jawa Barat. Karawang peuting éta robah jadi panggung gedé anu ngahijikeun rupa-rupa talari paranti.
Hikmah Keur Urang Saréatna
Mahkota Binokasih téh lain ngan saukur emas jeung permata. Dina sajarahna, ieu mahkota téh diserahkeun ku para Prabu ti Pajajaran ka Sumedang Larang nalika Pajajaran burak, sangkan harkat jeung martabat Sunda tetep nangtung ajeg.
Pelajaran keur urang ayeuna: sanajan jaman geus modern, sanajan Karawang geus jadi kota industri, urang ulah poho kana "akar". Jati diri kudu dijaga, tatakrama kudu dipiara. Nalika urang apal kana sajarah, urang bakal leuwih léngkah dina nangtukeun mangsa hareup.
Peuting éta, Mahkota Binokasih geus nyébor haté warga Karawang ku rasa deudeuh kana budaya sorangan. Sajati-jatina mahkota, lain anu nempel dina sirah, tapi anu nempel dina laku lampah urang sapopoé.
Panggeuing Rasa (Pantun):
Meli kupat di sisi jalan,
Dituangna di luhur batu.
Ulah poho ka Pajajaran,
Sangkan hirup boga panuju.
Cag !



0 Komentar