
Gambar ilustrasi.
KARAWANG – Puluhan sakola (SMA/SMK) di Kabupaten Karawang ayeuna keur ngarayap ganti kulit. Teu kagok, julukan sakola "Maung" ayeuna geus mimiti dipake. Hiji identitas anu nembongkeun kagagahan, kompetensi selangit, jeung seleksi anu super ketat. Cenah mah, ngan saukur budak anu lolos verifikasi akademik jeung non-akademik kelas wahid anu bisa asup ka kandang "Maung" teh.
Ngan wae, di tukangeun sora "aum" prestasi anu dijanjikeun, aya pananya anu rada ngaganjel: Naha eta kagagahan teh luyu jeung transparansi anggaranana? Atawa boa-boa ieu "Maung" teh kalah era nembongkeun eusi dapurna, alias jiga "Meong" anu sok nyumput sanggeus maling lauk asin boga dunungan?
Aturan Teh Panglima, Lain Pajangan
Mang Hamid tokoh masarakat jeung nu sok merhatikeun dunya pendidikan geus mere pepeling, yen predikat sakola unggulan teh lain saukur label "gaya-gayaan" dina papan informasi. Mun dumasar kana Permendikbud Nomor 6 Tahun 2021, pamakean Dana Bantuan Operasional Sekolah (BOS) teh kudu transparan, alias kudu "beber layar". Sakola unggulan sakuduna jadi kompas atawa conto keur sakola sejen, pangpangna dina urusan tanggung jawab ka publik.
"Sakola unggulan kudu mere conto nu bener. Pasang eta papan informasi publik ngeunaan pamakean dana bantuan jiga BOS, KIP, atawa PIP anu sumberna ti duit Nagara. Entong ngantep kolot murid jeung masarakat ukur bisa nebak-nebak atawa raba-raba," ceuk salah sahiji tokoh masarakat, sakaligus pamimpin organisasi wartawan.
"Buka Wae Jaga KPK"
Pas dikonfirmasi di rohangan gawena, Kemis (30/4), salah sahiji kapala sakola di puseur kota Karawang, katingalina santai pisan ngahadapi isu transparansi teh. Ceuk manehna, urusan keterbukaan informasi mah geus beres ngaliwatan jalur digital.
Manehna nunjuk aplikasi "Jaga KPK" salaku wadah resmi laporan kauangan sakolana. Ti mimiti biaya pamiaraan bulanan, honor guru, nepi ka urusan ATK (alat tulis kantor), kabeh diklaim geus aya di dinya.
"Mun wartawan hayang nyaho mah, tinggal buka wae aplikasi Jaga KPK eta. Pasti aya. Ayeuna mah jaman digital, tinggal klik," pokna teh bari gaya praktis, siga nu taya beban pisan.
Alesan Klasik: Sieun Kamera?
Ngan aya hiji omongan eta Kepsek anu matak kerung. Pas ditanya naha sakola tara masang papan informasi di area sakola—sakumaha ilaharna wujud transparansi publik—manehna mere alesan anu rada "lucu".
Cenah, manehna salempang mun papan informasi dipasang di buruan sakola, bakal loba wartawan anu datang ngan saukur hayang motret eta papan. Teu kaharti, naha atuh kagiatan motret papan informasi jadi urusan anu pikasieuneun pikeun pihak sakola?
CATATAN REDAKSI
Jadi Sakola "Maung" teh hartina kudu wani nyanghareupan caangna lampu transparansi. Mun enya pengelolaan dana BOS geus bener jeung beresih taya noda, naha atuh kudu "alergi" ku jepretan kamera wartawan dina papan pengumuman?
Dunya emang geus digital, tapi keterbukaan di lapangan teh mangrupa bukti integritas anu moal bisa digantikeun ku sakadar "klik" dina aplikasi. Maung sajati mah moal sieun nembongkeun belangna? Entong nepi ka slogan "Maung" ngan gagah dina keretas, tapi kalah nyumput bari ngaluarkeun sora "Meong" mun ditanya soal anggaran.
"Meooong...".
Cag !
0 Komentar