KARAWANG BAJRED: "Aya Harga, Aya Loker," Akal Bulus Oknum Kapus dina Rekrutmen Nakes RSUD Rengasdengklok

 


Versi: Satire

Ku: Redaksi Majalah Perjuangan 


KARAWANG – Gusti nu Agung! Di tengah jalma loba nu ripuh neangan gawe, ieu mah di Karawang kalah aya "bisnis" haram jadah dina rekrutmen Tenaga Kesehatan (Nakes). Modalna lain ijazah atawa kaahlian, tapi duit "pelicin" 10 juta per hulu.


Nu jadi "bandar" teh cenah oknum Kepala Puskesmas (Kapus) Kalangsari. Ieu mah lain deui ngubaran nu gering, tapi malah nyieun gering sistem birokrasi ku cara nyogok!


Duit Balik, Dosa Teu Leungit!

Praktisi Hukum nu kawentar "galak", Asep Agustian, SH., MH., alias Kang Askun, langsung nyentak. Manehna seuri koneng ngadenge kabar yen eta duit sogokan teh geus dibalikkeun sawareh sanggeus kasusna kaambung.


"Heuy deuleu! Dina hukum mah aya nu disebut mens rea (niat jahat) jeung actus reus (peta polahna). Najan eta duit dibalikkeun, lain hartina dosana leungit kitu wae," ceuk Askun bari nahan amarah, Kemis (7/5/2026).


Ibaratna mah, maneh geus maling hayam, kanyahoan ku batur, tuluy hayamna dibalikkeun deui. Naha status malingna leungit? Moal, Lur! Angger we maneh teh bangsat!


Dinas Kesehatan "Pesta" Nepotisme?

Askun menta bagian Kepegawaian Dinkes Karawang ulah sare wae. Pariksa kabeh nakes nu abus ka RSUD handapeun Pemkab. Pariksa anak saha, urang mana, jeung sabaraha hargana? Sabab ieu mah geus lain rahasia deui, cenah mah loba "titipan" ti luhur.


"Ieu teh bukti birokrasi urang keur 'bocor'. Aya oknum Kapus nu cenah pamaen lami ti jaman di Dinkes keneh, kok diculkeun wae? Bupati jeung Sekda kuduna hudang! Bersihkeun eta jalma-jalma biadab nu ngotoran Karawang Maju," ceuk Askun deui.


Nu leuwih matak seueul, aya kabar Kapus sejen ge milu "maen" ku cara ngasupkeun anakna sorangan jadi honorer nakes. Ari rahayat leutik mah, hayang asup gawe teh kudu nepi ka ngajual sawah atawa ngajual motor keur nyogok. Deudeuh teuing Karawang!


Hayu Urang "Nyanyi" Bareng!

Kang Askun nangtang ka kabeh nakes nu kungsi jadi korban atawa nu dipentaan duit ku oknum, ulah sieun pikeun "nyanyi" alias bongkar kabeh borokna. Ulah ngan di Rengasdengklok hungkul, tapi di sakuliah rumah sakit di Karawang.


"Sok, nu ngarasa jadi korban, datang ka kantor kuring di Galuh Mas. Identitas dijaga, moal dibeja-beja. Urang sikat kabeh oknum nu kalakuanana jiga sato teh. Karawang kudu bersih, ulah nepi ka loker nakes kalah jadi ajang dagang hulu ku oknum ASN nu teu nyaho di era!" tutup Askun bari nyuruput kopi susu.


Kasimpulanna: Di Karawang mah, hayang ngubaran batur teh (jadi nakes) kudu "ngubaran" heula kantong oknum. Edan pisan!


Cag !



---

0 Komentar