GMNI Karawang Nyeureud Kejari: "Ulah Main Aman, Predator Seksual Kudu Dihukum Maksimal!"

Wakil Ketua Bidang Hukum jeung Advokasi GMNI Karawang, Tri Prasetio Putra Mumpuni


Ku: Redaksi Majalah Perjuangan 


KARAWANG – Kejaksaan Negeri (Kejari) Karawang meunang pépéling teges ti barudak kuliah anu gabung di wadah GMNI Karawang. Perkarana taya lian, nyaéta ngeunaan penanganan kasus pencabulan anu dianggap kudu jadi perhatian darurat. GMNI negeskeun, jaksa ulah wani-wani "main aman" atawa méré lolongkrang keur palaku kejahatan seksual.


Wakil Ketua Bidang Hukum jeung Advokasi GMNI Karawang, Tri Prasetio Putra Mumpuni, nétélakeun yén palaku pencabulan wajib ditungtut hukuman maksimal. Nurutkeun manéhna, kejahatan seksual téh lain kejahatan kacére-pécéré, tapi bentuk kekerasan rongkah anu ngancurkeun harkat, martabat, jeung mangsa hareup korban.


Hukum Lain Ukur Formalitas

Tri meunteun, prosés hukum ka predator seksual ulah ngan saukur gugur kawajiban atawa formalitas sidang wungkul. Kejari Karawang boga tanggung jawab moral jeung sosial pikeun mastikeun yén tuntutan jaksa bener-bener némbongkeun kaadilan keur korban.


"Kejari Karawang ulah main aman! Palaku pencabulan wajib ditungtut jeung dihukum maksimal. Ieu téh lain perkara leutik, lain kasus biasa. Ulah dianggap kos urusan administrasi pidana samata. Ieu mah soal ancurna psikologis korban jeung rasa kaadilan publik," ceuk Tri, teges pisan.


Manéhna nyebutkeun, lamun jaksa nungtut hampang ka palaku, éta bakal jadi conto goréng (preseden buruk) dina dunya hukum. Nagara ulah nepi ka méré kesan yén palaku kekerasan seksual masih bisa "nego" hukuman bari teu maliré sangsara anu karasa ku korban.


Teu Aya Kecap "Damai" keur Predator

Anu leuwih teges, Tri nolak sagala rupa upaya "damai" dina kasus pencabulan. Boh éta alesanana tekanan kulawarga, kompromi sosial, atawa dalih ngajaga "ngaran hade" (nama baik). Dina urusan kekerasan seksual, ceuk Tri, teu meunang aya ruang negosiasi anu tungtungna kalah nyieun korban beuki kacepet.


"Ulah aya kecap damai keur kejahatan seksual. Ulah dibungkus ku narasi kekeluargaan. Ngaran hadé kulawarga atawa institusi ulah dijajikeun alat keur ngabungkem korban. Anu kudu dijaga téh korban, lain kanyamanan palaku!" pokna deui.


Ngawal Nepi ka Tuntas

Lian ti hukuman, GMNI ogé ngadorong sangkan Kejari Karawang leuwih maliré kana panangtayungan korban, mimiti ti ngajaga identitas nepi ka mastikeun korban meunang pendampingan anu layak.


Nurutkeun GMNI, kawani Kejari Karawang dina nungtut maksimal palaku bakal jadi ukuran: naha aparat penegak hukum téh bener-bener melaan korban, atawa ngan saukur robot prosedur?


"Kasus ieu téh ujian. Naha hukum bener melaan korban atawa ngan ukur formalitas? Kejari Karawang kudu ngabuktikeun yén Karawang lain tempat anu aman keur predator seksual," ceuk Tri mungkas omonganana.


GMNI Karawang jangji bakal terus "nongtonan" tur ngawal ieu kasus. Maranehna moal cicing lamun ningali prosés hukum anu lembék, nutup-nutupi, atawa teu méré kaadilan anu saenyana ka pihak korban.***


0 Komentar