
Mang Obet, aktivis Karawang.
KARAWANG – Pasosore di pertengahan bulan Mei, tapi hawa di sabudeureun Komplek DPRD Kabupaten Karawang kalahka asa beuki bayeungyang. Lain pedah ku panonpoe anu keur meujeuhna mentrang, tapi ku sabab obrolan di warung kopi Mang Birin geus mimiti "nyongkab".
Senin sore eta (18/05), Tim Redaksi Majalah Perjuangan ngariung jeung trio aktivis sarta jurnalis Karawang anu geus legok tapak genteng kadek—geus biasa metakeun dunya persilatan korupsi: Mang Obet, Mang Darma, sareng Mang Hamid Ambon.
Mang Obet, anu leungeunna geus biasa nandatangan laporan pangaduan (Lapdu) rupa-rupa skandal proyek fiktif jeng ijon paket di pamaréntah daerah, muka carita bari mesen kopi hideung ka Mang Birin. Sorana maceuh: "Ulah diaduk, Mang! Sangkan paitna kopi sarua jeung paitna carita urang poe ieu." (Hee Hee Hee).
Sanggeus nyesep roko bodasna jero pisan, jepret... haseupna ditiupkeun lalaunan siga haseup karéta api. Geus kitu, bray... info rasiah panganyarna dibongkar.
"Aya pengerjaan sekat dinding hargana ratusan juta rupiah di lingkungan Sekretariat DPRD. Pemborongna ayeuna keur ceurik batin, lur. Proyekna geus anggeus, geus rapih, geus kelar, tapi nepi ka ayeuna... acan dibayar!" ceuk Mang Obet, netelakeun bari rada mureleng.
Mang Darma anu keur asyik muter-muter sendok dina cangkir kopi langsung ngaranjug. "Maksadna kumaha, Kang? Piraku aya proyek di ring hiji tempat para wakil rahayat berkantor, barangna geus ngajedog tapi duitna acan cair? Eta teh setwan atawa warung remang-remang meni bon-bonan kitu?" timpal Mang Darma, bari beungeutna semu heran campur hayang seuri.
Mang Hamid Ambon milu mikir, tarangna kerut-kerut siga jalan desa acan diaspal. Manéhna nyobaan nginget-nginget panyakit heubeul anu mindeng kumat di pamaréntahan.
"Ieu mah curiga kuring, Surat Perintah Kerja (SPK) acan kaluar ti Setwan, tapi fisikna geus digarap tiheula ku rekanan. Siga nu bobogohan deuih, can aya ikatan resmi geus wani 'bakar duit' tiheula," ceuk Mang Hamid bari seuri konéng.
"Ah, ari nu modus kitu mah biasana aya di proyek infrastruktur jalan, Mang Hamid," bales Mang Darma bari ngetrok-ngetrok roko kretek Samsu Premium-na anu tinggal sabatang deui.
"Ieu mah dina jero gedung dewan pisan, meureun rurusuhan hayang boga rohangan anyar ambeh genah ngobrolkeun anggaran," ceuk manéhna bari diseuseuh ku seuri leutik.
Aturan Anu Ditabrak Siga Angkot
Lamun info ti warung kopi Mang Birin ieu bener, berarti ieu proyek panyekatan tembok teh lain saukur urusan "telat bayar" biasa nu bisa diubaran ku sora "punten". Ieu mah geus nabrak aturan tembus ka tukang!
Dumasar kana UU No. 1 Tahun 2004 ngeunaan Perbendaharaan Negara, sarta aturan Pengadaan Barang/Jasa Pamaréntah, teu meunang aya proyek nu dicagap fisikna lamun dokumen anggaranna (DPA) jeung SPK-na acan ditandatangan ku Pejabat Pembuat Komitmen (PPK).
Ari ieu? Tembok geus nangtung ngajedog, tapi suratna can aya. Eta panyekat tembok atawa jin Bandung Bondowoso anu bisa ngawangun dina waktu sapeuting modal percaya hungkul?
Praktek ijon siga kieu teh jelas ngalanggar aturan good governance sarta bisa jadi papanggihan BPK (Badan Pemeriksa Keuangan). Kontraktorna posisi ripuh, duitna asup angin, setwanna oge milu ruksak prestasina.
Néangan Fakta di Balik Tembok Setwan
Sajauh mana bebeneran ngeunaan proyek panyekat dinding ratusan juta di Setwan Karawang anu kabarna geus mabur ka mana-mana siga hileud merang? Naha ieu murni katololoan birokrasi, atawa aya silih sabet di handapeun méja (ijon) ti oknum pejabat jeng pemborong anu keur moro setoran?
Omongan di warung kopi Mang Birin mémang can jadi bukti hukum, tapi biasana, haseup moal aya lamun euweuh nu keur mirun seuneu.
Tim Redaksi Majalah Perjuangan moal cicingeun. Urang bakal terus ngulidit, ngudag dokumen, nanya ka pihak Sekretariat Dewan, jeung nyisiran ieu kasus nepi ka bener-bener caang bulan opat belas. Sabab, duit rahayat sa-pésér ogé ulah nepi ka disekat ku kapentingan para pemburu rente!
(Tim Redaksi Majalah Perjuangan).
0 Komentar