![]() |
| Gambar ilustrasi. |
Ku: Redaksi Majalah Perjuangan
Lur, kumaha damang? Karawang teh keur meujeuhna bayeungyang, nya? Lain pedah AC di kantor bupati pareum, tapi ieu mah urusan "panas" tina saku urang sarerea: PAJAK!
Kamari, barudak Redaksi Majalah Perjuangan nyempetkeun nyimpang ka bumi salah sahiji aktivis urang nu geus kawentar, nyaeta Kang Tatang Obet, atawa nu sok disebut Kang Obet. Diuk tumaninah dina korsi awi, bari disuguhan kopi hideung jeung goréngan témpé nu haneut kénéh—nu renyahna siga sindiran tatangga—suasana Karawang nu hareudang teh jadi karasa tiis. Angin ngahiliwir ti sawah nu ngampar héjo Paul, matak tingtrim kana haté.
Tapi, obrolan mah angger wé "ngagolak". Urang ngobrolkeun soal urusan nagara nu keur bungah margi pendapatan pajak nasional di jaman Pak Prabowo Subianto naék drastis nepi ka 30,4 persén. Bayangkeun, Lur, Menteri Keuangan Purbaya Yudhi Sadewa nepi ka nyarita yén Pak Présidén reuwas bari guyon: "Wah, geus pada sieun nya?"
Tah, meureun rakyat teh geus tara "ucing-ucingan" deui jeung tukang pajak. Geus saradar, atawa meureun geus rada "geumpeur" ku aturan nu beuki keker.
Karawang: Aya Perda, Tapi euweuh Berita?
Nah, ieu nu jadi bahan "heureuy tapi daria" di bumi Kang Obet teh. Ari di pusat mah angka triliunan téh dipamérkeun nepi ka rahayat nyaho. Tapi ari di Karawang? Kota Industri nu cerobong haseupna leuwih loba tibatan tihang listrik, naha ari urusan pendapatan pajak mah bet siga nu "isin ku dewek"?
Padahal urang geus boga Perda No. 6 Tahun 2025. Urusan denda PBB geus dihapus ti Agustus nepi ka Séptémber kamari. Pajak cai taneuh jeung reklame ge geus disaluyukeun. Kuduna mah Karawang teh keur panén duit pajak!
Kang Obet, bari neuteup sawah sarta nyuruput kopi—meureun bari mikiran naha béas beuki mahal padahal sawah di hareupen mata—ngaluarkeun "kalimat sakti" nu matak jleb:
"Berapa sih, pendapatan pajak Karawang, per 31 Agustus 2025 lalu? Nanya mah menang meureun!" celetuk Kang Obet bari seuri konéng.
Nanya Mah Menang Meureun!
Tah, bener ceuk Kang Obet teh. "Nanya mah meunang meureun!" Masa urang salaku warga Karawang, nu unggal poé ngambeukan haseup pabrik jeung macétna jalan, teu meunang nyaho duit urang dikamanakeun?
"Naha urang lembur boga imah sacolobek oge pajakna mani gede. Ari di kawasan industri loba potensi pajak diantep wae.. contona sampah kawasan, jasa angkutan karyawan, parkir kendaraan jeung sajabana. Oamat ulah ngekeyek wae urang lembur, boga duit saukur minjem bank emok, maklum gawena tibang kuli serabutan."
"Geus kitu, hasil mungut pajakna teu dipulikasikeun ka rahayat siga Menteri Keuangan jeung Gubernur KDM, anu jentre".
Naha pendapatan pajak Karawang téh keur disumputkeun siga simpenan, atawa emang can diitung kusabab kalkulatorna béak batré?
Pusat mah geus pamer angka Rp394,8 triliun dina kuartal kahiji 2026. Ari urang di Karawang, naha masih kénéh "puasa" informasi? Ulah nepi ka rahayat geus patuh bayar pajak, geus "sieun" ku aturan, tapi giliran nanya hasilna, pajabatna bet kalah "nyumput".
Kacindekanana:
Angka mah moal bisa ngabohong, tapi angka bisa baé "disumputkeun". Hatur nuhun Kang Obet kana témpé jeung "sentilan" mautna. Urang tunggu waé, naha Pemda Karawang daék buka sora, atawa angger milih maén "petak umpet" jeung rahayatna sorangan.
Salam Perjuangan!
Bapak Kepala sareng Sekban Bapenda, hayu ngopi berjamaah. Bari ngopi, mere pesan ka warga, ulah poho bayar pajak, tapi ulah poho ogé nanya: DIKAMANAKEUN DUITNA?

0 Komentar