BANDUNG, (MP,). — Peuting harita di RT 04 RW 09 Desa Cililin, suasana di Pos Ronda teh sabenerna mah kacida ni'matna. Tim Redaksi Majalah Perjuangan keur "ngariung" bari nyanghareupan nasi liwet nu pulen, diselingan ku bala-bala haneut kenging Ceu Rohmat sareng Kang Saepudin. Mani asa di surga dunya, Lur!
Tapi, ditengah ni'matna nyuruput kopi, Kang Rahmat Hidayatuloh emut kana hiji hal nu sok matak jangar kana tarang: Kasadaran Ngaronda.
Kohkol vs Selimut: Duel di RT 04
Numutkeun Kang Rahmat, tina 100% warga, nu bener-bener "eling" kana kawajiban ronda teh ngan saukur 65%. Sésana? Nya kitu tea, aya nu pura-pura budeg, aya nu boga sarébu alesan, malah aya nu hobi "tarik selimut" mun ngadéngé sora kohkol.
"Ieu mah nyata, Lur! Sora kohkol nu ditabeuh ku Ketua RT teh, keur warga nu males mah, sorana teh asa sora sirine serangan rudal Fatah Iran ka Israel. Lain hudang rek ngajaga lembur, kalahka nyumput jero simbut bari saré tibra. Mani jiga nu keur perang batin!" ceuk Kang Rahmat bari seuri konéng.
Padahal, ngaronda teh lain ngan saukur nungguan bangsat nu can tangtu datang. Fungsi nu leuwih agung mah nyaéta Silaturahmi. Zaman ayeuna loba jelema nu hirupna sombong, egois, nepi ka teu wawuh-wawuh acan jeung tatangga gigireun imah. Nya di Pos Ronda ieu pisan tempatna urang ngaluburkeun éta ego.
Polisi Turun Gunung: Kamtibmas Lain Saukur Gaya
Peuting eta oge, suasana beuki haneut ku datangna tim ti Polsek Cililin nu dipingpin ku Perwira Pengawas (Pawas) didampingi Bhabinkamtibmas. Jam nembongkeun angka 22.00 WIB, tapi sumangat aparat mah masih keneh gas pol.
Kapolsek AKP DMS Andriani Sapin, kalayan tegas tapi santuy, méré amanat ka warga nu keur "ngariung". Cenah, nu penting dina ronda mah lain méwahna Pos Kamling, tapi kaaktipan wargana.
"Ulah hilap, 'Wajib Lapor 1x24 Jam' keur tamu atawa nu ngekos kudu dijalankeun. Sangkan urang apal saha nu datang, saha nu indit. Jeung hiji deui, ulah gampang kahasut berita hoax dina medsos. Jaga jempol ambeh lembur aman!" kitu pesen ti AKP DMS Andriani Sapin.
Pesen Pamungkas: Ulah Jadi "Patung" di Lembur Sorangan
Ngaronda teh tindakan preventif, ambeh kriminalitas sieun rek asup ka wilayah urang. Mun urangna kompak, bangsat oge mikir dua kali rek maling hayam atawa maling hate tatangga oge.
Sateuacan liwetna béak, Kang Rahmat masihan hiji pantun husus keur warga nu masih keneh hobi "ngaréngkol" mun jadwal ronda:
Meli liwet di sisi jalan,
Dituangna sareng bala-bala haneut...
Ulah ngan saukur pinter dahar jeung jajan,
Pas sora kohkol ronda disada, kalah nyumput jero simbut narik bantal!
Hatur nuhun, Kang Rahmat! Wilujeng ngopi pait deui!

0 Komentar