![]() |
| Gambar ilustrasi. |
Oleh:: Redaksi Majalah Perjuangan
Mang Danton: (Bari ngopi hideung, panonna neuteup berita) "Deudeuh teuing, Kang! Aya Bupati ti Tulungagung, ngaranna Gatut Sunu Wibowo. Gaya mah geus menak, tapi kalakuan kalah ka maling. Bayangkeun, batur mah sakola luhur-luhur téh hayang ngawangun lembur, ieu mah kalah sibuk mesen sepatu merek Louis Vuitton. Gaya mah elit, tapi duitna meunang meres ti anak buah. Geuleuh teu?"
Redaksi: "Wah, éta mah sanés gaya deui Mang, éta mah panyakit 'gengsi luhur, budi handap'. Terus kumaha tah nasibna?"
Mang Danton: "Nya kumaha deui, dicangkolong ku KPK! Tadi peuting kaluar ti Gedung Merah Putih geus ganti baju, lain baju dinas deui, tapi rompi 'oranye' anu hargana mahal pisan sabab dibayar ku harga diri. Anu matak lucu mah, si Bapak Bupati ieu masih kénéh bisa seuri bari menta maaf. Hebat nya? Geus mawa duit THR keur batur, meuli sepatu mewah, ari geus katéwak kakara inget kana kalimah 'moal deui'."
Redaksi: "Apanan saurna duitna téh meunang 'ngabajig' ti pimpinan OPD saatos pelantikan, Mang?"
Mang Danton: (Seuri konéng bari nepak meja) "Tah éta! Pejabat anyar dilantik téh bukanna dipitutur supaya jujur, ieu mah kalah ditarik 'setoran'. Asa jadi nagara preman ari kieu mah. Duit rakyat dipaké gaya, rakyatna mah meureun dahar gé hésé. Ari geus kieu, kakara menta hampura bari tungkul."
Mang Danton: (Ngenyot roko jero pisan, terus ngomong bari neuteup ka langit-langit warung) "Matak ceuk kuring gé dina status FB tadi, 'Kaduhung moal tiheula, datangna pandeuri'. Mun geus maké rompi oranye mah, rék maké sepatu Louis Vuitton sakali gé, angger wé lengkahna mah ka penjara, lain ka istana!"
Redaksi: "Leres pisan, Mang. Isukan mah meureun sepatuna gé diganti ku sandal jepit di jero sél."
Mang Danton: "Hahaha! Tah éta Kang! Matak keur para pajabat di mana waé, ulah sok silau ku merek, bisi poho kana amanah. Ulah nepi ka ngumpulkeun 'koleksi' barang mewah tapi tungtungna jadi 'koleksi' tahanan KPK. Sing émut, rakyat mah moal bisa dibobodo ku seuri manis di hareup kaméra bari leungeun diborgol!"
Catatan Redaksi: Kisah Bupati Tulungagung ieu jadi panggeuing keur urang sararéa. Di dunya mah bisa kénéh seuri bari menta maaf, tapi ari martabat nu geus runtuh mah hésé dibenerkeunana. Tong nepi ka gaya hirup leuwih luhur tibatan iman, bisi lengkah urang anu tadina hayang gagah, kalah tisoledat kana jurang kahinaan.
.

0 Komentar