Ngopi Santéy, Ngobrol Sérius: Kelor, ti Buruan nepi ka Dunya Luar


BANDUNG BARAT, (MP).
— Isuk-isuk di jalan raya Cililin, sora motor gogorowokan geus paadu jeung sora séndok nu adu manis jeung gelas kopi. Di hiji warung nu basajan, Tim Redaksi Majalah Perjuangan keur ngariung jiga nu rék ngayakeun rapat kabinét jeung Kang Rahmat Hidayatuloh. Obrolanana mah ngalir jiga cai solokan—bari sakali-kali dibumbuan ku panyélang tawa nu matak peureum-beunta—tapi eusina mah daging wungkul, lain saukur "kulitna".


“Kadang urang téh sok gaya teuing, néangan anu mahal nepi ka jauh, padahal anu sakti mah aya di hareupeun irung, tumuwuh di buruan sorangan,” ceuk Kang Rahmat bari sruput kana kopi hideungna nu masih kénéh ngebul.


Topik nu dibahas isuk éta téh nyaéta: Kelor. Enya, tutuwuhan anu ceuk sawatara urang mah ngan saukur pantes jadi lalab atawa sayur bening, ayeuna mah keur  naik daun pisan di Éropa jeung Amérika. Di ditu mah disebutna gé ginding pisan: Miracle Tree atawa Tangkal Ajaib. Ari ngaran ilmiahna mah Moringa oleifera. Rada harésé nyebutna gé, matak tikait létah!


Kang Rahmat seuri konéng. “Lucu nya? Di luar nagri disebut ajaib, ari di urang mah kalah dianggap réméh. Malah aya nu nyebut paranti ngusir jurig hungkul,” pokna bari banyol.


Ti Warung Nepi ka Go Internasional


Anjeunna ngajelaskeun yén kelor téh lain tutuwuhan sa-aya-aya. Kandungan gizina kacida "edun-na"—ti mimiti vitamin, mineral, nepi ka antioksidan. Di nagara-nagara maju mah, ékstrak kelor téh geus dikemas jadi kapsul jeung hargana selangit.


“Di Jérman mah aya nu ngajual kapsul kelor, ngaranna rupa-rupa. Hargana? Wah, bisa nyieun dompét urang jangar saharita,” ceuk Kang Rahmat bari seuri ngagakgak.


Padahal mah, ceuk anjeunna, urang Indonésia mah bisa meunang mangpaat nu sarua ngan ku cara ngadahar daun kelor seger nu diolah basajan. “Sayur bening kelor gé geus cukup pisan. Murah, ngeunah, matak jagjag waringkas deuih,” tambuhna.


Gizi luhur, Tapi Ulah Ngaco!


Loba panalungtikan nu ngabuktikeun yén kelor téh loba pisan vitamin C, kalsium, protéin, jeung zat beusi dibandingkeun bahan pangan séjénna. Teu anéh lamun lembaga dunya jiga WHO jeung FAO nepi ka méré perhatian husus salaku sumber pangan nu gizi luhur.


Tapi, Kang Rahmat ngingetan sangkan urang ulah "lebay" atawa nganggap kelor téh salaku landong sakti mandraguna pikeun sagala kasakit.


“Ieu yeuh nu kudu bener, ulah salah harti. Kelor mémang alus pisan keur ngajaga kaséhatan sangkan awak tetep fit. Tapi lamun geus boga panyakit beurat mah, tetep kudu menta tulung ka dokter. Ulah kalah dibéré sayur kelor waé,” tegasna.


Sorana mah santai, tapi pesenna jero: antara kearifan lokal jeung élmu médis modéren téh kudu "satia sahuapan sega" atawa jalan bareng.


Balik deui ka Buruan


Obrolan pindah kana urusan praktis: kumaha cara melakna. Nurutkeun Kang Rahmat, kelor téh tutuwuhan nu "nrimo", babari hirup di iklim urang, sanajan lahanana heureut gé jadi waé.


“Pelak waé dina pot atawa di buruan. Teu réwel, teu loba paménta. Leuwih nrimo batan pamajikan mun can dibéré jatah balanja,” pokna, nu langsung disambut ku tawa balaréa.


Anjeunna miharep, kasadaran masarakat pikeun ngamangpaatkeun tutuwuhan hérbal lokal bisa terus ningkat. Lain saukur milu-milu tren, tapi kudu jadi gaya hirup séhat nu awét.


Séhat Teu Kudu Mahal


Di tungtung obrolan, Kang Rahmat negaskeun deui hiji hal nu basajan tapi sering poho ku urang.


“Séhat téh teu kudu mahal, jeung teu kudu jauh. Kadang jawabanna aya di sakuriling urang,” pokna.


Kopi geus mérit, obrolan gé lekasan. Tapi pesen nu ditinggalkeun karasa haneut: di tengah gempuran produk kaséhatan modéren nu hargana "maceuh", alam Indonésia masih nyimpen loba rahasia—kaasup tina salembar daun kelor di buruan imah.


Sarta meureun, sakumaha ceuk Kang Rahmat, nu diperlukeun ku urang téh lain barang nu anyar—tapi cara nempo nu anyar kana barang nu geus lila aya. 


Pokona mah, hirup mah ulah rungsing, mending ngelor bari ngopi!

Salam Kopi Hangat, buat Alumni MAN Bandung Barat, selamat berkumpul "Ngaliwet" di Ahad, 26 April 2026.




0 Komentar