BANDUNG BARAT, (MP). — Isuk-isuk di Bandung Barat teh keur meujeuhna tiris nyecep, tapi di hiji warung kopi sisi Jalan Raya Radio, Cililin, suasana mah kalahka asa "beunta". Tim Redaksi Majalah Perjuangan keur anteng "ngadu huntu" jeung Kang Rahmat Hidayatuloh. Sanes ngobrolkeun randa bahenol anak juragan wajit, atawa harga pare anu naek turun, tapi ieu mah rada berat saeutik: soal birokrasi anu sok mineng "maceuh".
Bari nyetrok sampeu kulub nu empukna kacida, Kang Rahmat muka obrolan soal berita nu keur viral. Eta, soal Gubernur Jawa Barat, Kang Dedi Mulyadi, nu "nyintreuk" Kapala unit Samsat Soekarno-Hatta nepi ka dinonaktifkeun. Gara-garana mah klasik: masih keneh menta syarat KTP asli ti tangan pertama anu boga kandaraan heubeul, pas rek bayar pajeg. Padahal aturanna mah geus dicoret ku Gubernur KDM.
"Ieu mah sanes soal administrasi nu telat update. tapi soal mentalitas 'mun bisa dipersulit, naha kudu dipermudah?'," ceuk Kang Rahmat bari seuri pait, sarua jeung kopi nu disuruputna.
**Ritual "KTP Sakti" nu Matak Lieur**
Numutkeun Kang Rahmat, aturan hapusna syarat KTP nu boga heubeul teh kuduna mah jadi angin seger keur rahayat. Tapi buktina? Di lapangan mah masih aya keneh warga nu dipersulit, jiga akun *@ciritasibiruu* nu jadi korban "ritual" birokrasi baheula.
"Ibarat urang pesen kopi pait, tapi nu datang teh dikopian bari pinuh ku gula. Pas urang nanya, pelayanna kalah nembal, 'Sabar Kang, taun hareup mah moal make gula deui'. Kan hulu teh asa hayang bitu, nya?" seloroh Kang Rahmat bari ngabenerkeun diukna.
Langkah Gubernur non-aktifkeun pejabat teh dianggap "pesen jentre" pisan. Kang Rahmat nyebut, salila ieu loba oknum nu "ngarawat" karudet birokrasi kusabab di dinya aya ladang duitna.
"Calo mah ngan saukur kurir, Lur. Nu jadi biang kerokna mah nya eta 'tikus-tikus' nu nyekel stempel. Mun KTP asli euweuh, sistemna dikonci. Mun hayang muka koncina, kudu aya 'pelicin'. Aturan anyar ieu teh ibarat racun beurit nu ampuh pisan, sangkan eta tikus teu bisa deui moro di lahan basah," ceuk alumnus MAN Bandung Barat ieu bari seuri leutik.
Detoksifikasi Birokrasi: Mual tapi Sehat
Kang Rahmat ningali, gerakan Gubernur teh sabenerna keur prosés "detoks". Pasti bakal aya nu mual, pasti loba nu nyeri hate, pangpangna mah oknum nu geus biasa "dahar haram" tina jasa tembak KTP. Tapi keur rahayat mah, ieu teh kaadilan nu sabenerna.
Sateuacan mungkas obrolan, Kang Rahmat oge mihape pesen keur para pelayan publik. Entong nepikeun ka jabatan teh dipake keur nyusahkeun urang, rahayat leutik.
"Jadi pejabat mah kudu memudahkan, lain kalah nyieun warga asa keur milu ujian CPNS unggal rek bayar pajeg. Inget, rahayat teh bayar pajeg keur pangwangunan, ulah kalah 'dipalak' deui dina meja pelayanan," pungkasna bari nyuruput sésa kopi paitna.
Sateuacan pamit, Kang Rahmat sempat ngalungkeun pantun keur nutup suasana:
Meli kurupuk ka pasar cililin,
Meli sampeu di sisi jalan raya...
Jadi pejabat ulah doli-dolin,
Mun nyusahkeun rahayat, siap-siap leungit korsi jayana!
Hatur nuhun, Kang Rahmat!
Gas pol terus Majalah Perjuangan!

0 Komentar