![]() |
| Gambar ilustrasi |
Oleh : Redaksi Majalah Perjuangan
BANDUNG BARAT – Poe kamari, tim redaksi nyimpang ka hiji Pos Ronda di lembur Cililin. Lain rek ngaronda, sok komo bari sensus jumlah rangda mah, tapi rek nyiduhkeun kopi hideung bari ngobrol panas jeung tokoh pamuda urang dinya, Kang Rahmat Hidayatuloh. Di tengah haseup roko jeung sora tonggeret, obrolan teh nyasar kana urusan dunya: Zionis Isrewel vs Iran.
Kang Rahmat, nu harita keur anteng nyuruput kopi, langsung "gas pol" basa ditanya pamadeganana. "Wah, eta mah lain saukur silih banting rudal, Lur! Eta mah geus jiga adu jago di pasar, tapi nu ruksakna sa-dunya," pokna bari seuri koneng.
Rudal vs Dompet: Rakyat Isrewel Mimiti Lieur
Nurutkeun Kang Rahmat, media Zionis Isrewel mah sok hayang katingali gagah bae, ngomongkeun nuklir Iran jiga rek kiamat isuk. Tapi faktana?
* Survei Nyirorot: Baheula mah 69% urang Isrewel yakin pisan Iran bakal lebur. Ari ayeuna? Geus loba nu "mikir dua kali" alias kapercayaanana nyirorot.
* Wani Teu Wani: Hayangna mah ngagulingkeun pamarentah Iran, tapi ari dunya geus krisis energi mah, nu tadina gararang teh jadi rada lungse. "Lila-lila mah beak napas atuh ari silih bales terus mah, komo deui ekonomi dunya keur harengheng di taun 2026 kieu," ceuk Kang Rahmat bari nyetrekkeun korek api.
Adu Mekanik: Saha Nu Jago?
Dina itungan Kang Rahmat (versi pengamat Pos Ronda), ieu teh adu kakuatan nu beda gaya:
1. Iran: Jago di darat jeung laut. Ibaratna mah jawara silat nu tanagana badag jeung boga balad loba.
2. Zionis Isrewel: Jago di awang-awang (Angkatan Udara). Ibaratna mah boga "drone" canggih tapi cicingna di imah batur.
Naha Nagara Arab Jiga Nu "Milu Ka Zionis Isrewel"?
Ieu nu jadi debat panas. Loba nu nanya, naha Yordania atawa Arab Saudi jiga nu teu pati mikaresep Iran? Kang Rahmat nerangkeun bari rada serak:
"Kieu lur, urusan nagara mah jiga urusan tatangga. Loba nagara Arab Teluk nu leuwih sieun ku pangaruh Iran (Syiah vs Sunni) jeung proksina batan sieun ku Isrewel. Aranjeunna boga prinsip: Daripada imah aing kahuruan ku rudal nu ngaliwat, mending keneh aing baeud ka Iran.'"
Alesan utamana mah basajan:
* Sieun Usaha Bangkrut: Ekspor minyak jeung gas bisa macet total mun Selat Hormuz ditutup ku Iran.
* Bestie jeung Amrik: Nagara Arab loba nu geus "Bestie" jeung Amerika, otomatis kudu rada "manis" ka Zionis Isrewel.
* Kedaulatan: Jiga Yordania kamari nu nembakan drone Iran, eta teh lain bela Isrewel, tapi ceuk Kang Rahmat mah: "Eh, ieu teh langit aing, tong sagawayah miceun sampah rudal di dieu!"
Peuyeum Cililin dina Perang Dunya
Sateuacan obrolan rengse, Kang Rahmat masihan pesen moral. Intina mah urang kudu moderat, ulah gampang katarik provokasi, jeung tetep ngutamakeun kamanusaan. "Intina mah doa keur Palestina ulah kendor, tapi ulah nepi ka urang oge silih gebug gara-gara beda pamadegan," pungkasna.
Keur nutup obrolan, Kang Rahmat ngaluarkeun pantun andalanana:
Meli peuyeum di pasar Cililin,
Peuyeum ketan dibungkus daun jati.
Tibatan urang silih bantingkeun bom jeung mesin,
Mending ngopi bari jaga ieu ati sanubari
Cag !!

0 Komentar