![]() |
| Gambar ilustrasi. |
Ku: Redaksi Majalah Perjuangan
KARAWANG – Hawa di kantor redaksi Majalah Perjuangan di Jalan Dewi Sartika ujug-ujug karasa "panas". Lain ku sabab AC paraéh atawa poé keur mentrang, tapi bakat ku ayana sosok "singa kolot" mantan birokrasi Karawang, Abah Pepen (Saleh Efendi).
Bari nyuruput kopi pait jeung nyiduhkeun kahanjelu, mantan pajabat senior Bapenda anu geus "késang leutik késang gedé" dina urusan pajeg ieu mawa carita nu matak kukurayeun—lain carita jurig, tapi carita oknum nu sok "nuyulan" duit rahayat.
Obrolan santéy téh lila-lila jadi peurah nalika ngabahas Bea Perolehan Hak atas Tanah dan Bangunan (BPHTB). Abah Pepen geus teu maké basa birokrasi anu aralus deui. Manéhna langsung "nonjok" kana jajantung pasualan: ayana gaya "lobi-lobi maling" nu nyumput di tukangeun aturan pajeg daérah nu pabeulit.
Rumus Anu Pasti, Jadi "Karet" ku Kalakuan Oknum
Ceuk Abah Pepen, riributan antara Notaris jeung Wajib Pajak (WP) téh sabenerna mah settingan anu dipiara. Padahal, sacara aturan, BPHTB téh instrumen pajeg anu sipatna Self Assessment. Hartina, rahayat boga hak keur ngetang sorangan sabaraha kawajibanana, lain kalah "didikté" ku seléra oknum patugas di lapangan.
Abah nembongkeun rumus baku anu sakuduna jadi patokan, tapi sering pisan "dibekokan" ku oknum lapangan:
1. Luas Tanah x NJOP = A
2. Luas Wangunan x NJOP = B
3. Jumlah (A + B) - Rp80.000.000 (NPOPTKP) = N
4. BPHTB = N x 5%
"Anu matak jadi paséa téh, aya akal-akalan oknum patugas Bapenda nu sangeunahna nyieun rekomendasi harga transaksi riil," ceuk Abah Pepen bari rada kuraweud haseum.
Logikana saderhana tapi matak nyelekit: Rahayat geus dipaksa malayar PBB 10 taun ka tukang, mayar PPh Final, biaya balik ngaran, nepi ka mayar jasa notaris. Naha pas rék mayar BPHTB dumasar kana NJOP, bet kalah dipegat ku oknum nu siga "tukang tawar" di pasar? Siga nu boga bandana waé!
Ngarep-ngarep Kategeusan "Purbaya Yudie Sadewa"
Ieu panyimpangan téh lain heureuy. Para Notaris anu kagabung dina IPPAT nepi ka menta kategeusan ka Menkeu RI, Purbaya Yudie Sadewa, sangkan méré "kursus kilat" ka para Kapala Daérah. Poinna jélas: BPHTB téh otoritas Wajib Pajak. Patugas Bapenda mah tugasna ukur ngaevaluasi—naha geus bayar, kurang bayar, atawa leuwih bayar (nu kudu dibalikkeun atawa refund)—lain jadi calo harga pasar!
"Pamaréntah Daérah kudu tegeus. Aturan nu geus jélas mah gampangkeun, ulah kalah dipésér ku mental maling nu sok maok jeung nuyul kasempetan dina kasempitan," tambah Abah.
Kapala Daérah: Étah Éta Pura-Pura Teu Nyaho atawa Ngadagoan "Ceurik Getih" di Penjara?
Sentilan pangtarasna ditujukeun ka pamingpin daérah. Abah Pepen ngingetkeun sangkan Kapala Daérah ulah api-api torék kana "nyanyian" oknum pajabat nakal di handapna.
"Ulah nepi ka geus jadi kasus hukum, kakara ngeh, hanjelu, terus ceurik getih di jero panjara. Urang geus nempo conto nyata di Sidoarjo. Ulah nepi ka Karawang nyusul gara-gara ngantep kalakuan 'beurit' terus-terusan," ucapna bari beungeutna semu serius.
Hasil Investigasi: Validasi Nu Jadi "Vampir" Waktu
Dumasar kana panalungtikan Majalah Perjuangan, keluhan para Notaris/PPAT di Karawang geus nepi ka titik jenuh. Modusna sarua: Netepkeun Harga Sapihak. Patugas mindeng ngabaékeun nilai transaksi dina akta, kalah maké "harga pasar" vérsi maranéhna sorangan nu jauh luhureun NJOP. Alesanana klasik: Ngudag PAD (Pendapatan Asli Daerah).
Padahal, PAD nu luhur téh ulah dihontal ku cara nambrak aturan. Belum deui prosés validasi SSPD nu lambatna siga kéyong, siga nu dihaja sangkan aya "ruang negosiasi" di handap méja. Sanajan Perbup Karawang No. 31 Taun 2024 méré ruang keur ngajukeun kaberatan, tapi prak-prakanana mah lila jeung matak kuraweud. Rahayat mah butuh kapastian hukum, lain sakadar prosedur basa-basi.
Panutup & Pantun
Saacan pamit ti kantor redaksi, Abah Pepen sempet ngalungkeun pantun keur nutup diskusi anu "panas" tapi méré caang ieu:
*Buah cempedak buah kedondong,
*Ti Pasar Induk ka Pasar Johar harga nanjak...
*Oknum Bapenda ulah kitu dong,
*Nghambat rahayat anu sadar bayar pajeg!
Catetan Redaksi: Pajeg téh hak nagara, tapi transparansi téh hak rahayat. Lamun aturan geus Self Assessment, ulah antep "leungeun-leungeun jahil" ngaruksak kapercayaan publik demi eusi saku sorangan. Karawang butuh PAD, tapi Karawang leuwih butuh kajujuran.
Cag !!

0 Komentar