Laporan Khas: "Direktur Rebahan" ti Jakopen—Visi Satron, Aksi Ngagepoy

Gambar ilustrasi Ai.

Edisi: 11 April 2026

Oleh: Redaksi Majalah Perjuangan


KARAWANG — Lamun aya penghargaan "Duta Gravitasi Kasur" sa-Kabupaten Karawang, jigana Dika (19), pamuda ti Jalan Komplek Pendidikan (Jakopen), bakal jadi juara utama. 


Di kamar anu rada hieum ku haseup hayalan, Dika keur nyusun strategi dunya. Dina HP-na, daptar cita-citana geus siga antrean sembako: hayang jadi CEO startup, YouTuber 10 juta subscriber, atlet esport, nepi ka jadi pahlawan lingkungan. 


Cita-citana mah nyundul langit katujuh, tapi awakna masih napel keneh kana kasur kapuk. Ieu mah lain saukur nungguan hidayah, tapi nungguan alam semesta ngageserkeun kasur sorangan.


"Sehat Walafiat" di handapeun Simbut


Geus jadi rutinitas unggal poe, emana Dika kudu adu panco jeung kasabaran. Jam sabelas beurang, di mana batur geus jibreg ku kesang nyiar hakaneun, Dika mah masih anteng scroll TikTok "Cara Sukses Usia Muda". 


 "Kamari mah agul pisan, cenah rek hirup sehat, rek lari pagi jam lima subuh. Heueuh bener jam sabelas ge geus sehat walafiat... tapi di handapeun simbut! Sigana rejekina ge geus bosen ngetrokan panto, tuluy indit deui da nu boga imahna keur rapat jeung bantal," ceuk emana bari ngusap dada, rada jangar ningali anakna nu beuki ahli dina urusan hibernasi.


Bapana mah leuwih tenang, meureun geus legok tapak genteng kadek, asak ku pangalaman. "Anak kuring mah visioner, Ema. Visina mah loba, ngan aksina can loading. Meureun keur nungguan investor ti nagara malaikat nurunkeun modal jang proyek 'hudang tina panggonan hees'. Sabar we, keur proses manifesting cenah."


Filosofi Kopi Ojol jeung "Healing" Tanpa Tepi


Dika mah diajak nyarita teh kalah nembal ku basa langit. Pas dititah hudang, jawabna teh matak nyieun sirah kukurayeun. 


"Ieu teh keur manifesting, Ema, Abah. Semesta teh keur ngolah request kuring, tong sok di-buru-buru bisi error, " ceuk Dika bari pesen kopi latte dina ojol. Rek turun ka dapur mah cenah jauh teuing, bisi "energi kreatifna" kaburu nguap ku hawa kompor. 


Tatanggamah geus apal pisan, Dika teh dijulukan "The Dreamer". Ari ceuk kolotna mah "The Drama". Lamun ceuk psikolog mah ieu teh fenomena Gen Z, tapi ceuk Dika mah basajan: "Keur healing." Padahal mah, asa taya kacape tapi healing-na geus jiga nu tas macul sapuluh hektar.


Pesen keur para "Calon Direktur"


Cik atuh, kasep! Dunya teh moal robah ku ngan saukur scroll layar Medsos. Visi gede teh kudu dibarengan ku suku nu napak ka bumi, lain suku nu napak kana dipan wae. Manifesting mah hade, tapi semesta ge bingung rek mere rejeki lamun pantona masih dikonci ti jero ku guling.


Pikeun para kolot di Karawang, umum na sa Jawa Barat, sigana kudu mulai stok sabun cuci piring jeung sabar nu loba. Sabab nungguan si calon direktur manggihan tombol "Start" dina hirupna teh sarua jeung nungguan macet di jalan Tuparev rengse—kudu loba du'a jeung tawakal.


Hayu hudang, Jang! Geus beurang, bisi rejeki dipacok hayam, atawa leuwih parah deui... rejekina dijadikeun konten ku batur!


0 Komentar