![]() |
| Gambar ilustrasi. |
Ku: Redaksi Majalah Perjuangan
KARAWANG — Sisi jalan raya Arif Rahman Hakim, persis payuneun kantor Dinas PUPR, haseup rokok Garam Filter Mang Tamsil mumbul ka langit, marengan kopi pait nu masih kénéh ngebul.
Di warung Mang Ujang, suasana rada béda isuk ieu. Lain ngawangkongkeun harga aspal atawa proyék penunjukan langsung (PL), tapi keur "ngulik" nasib Karawang Selatan nu cenah keur diincer deui ku aparat penegak hukum.
Di dinya aya Mang Huis Bodas, kader partai nu ogé pangurus jasa konstruksi, jeung Mang Moang, "kurir sakti" nu geus biasa muterkeun berkas berita acara proyék di Dinas PUPR keur asik ngobrol serius pisan.
"Cenah mah, Kejati Jabar téh keur muka deui kotak pandora kasus Tambang Mas Putih Belitung (MPB) di Pangkalan. Lamun bener, urang kudu keprok! Dukung Kejaksaan sangkan pedang kaadilan téh bener-bener seukeut di bumi Karawang," ceuk Mang Tamsil, beungeutna serius siga nu keur maca berkas vonis.
Mang Huis Bodas, bari nyuruput kopi, nembalan semu nyindir. "Masalahna Mang, éta pedang téh bakal seukeut ka pajabat nu geus ngaruksak alam Karawang, atawa ukur seukeut ka rahayat leutik nu milu ngala batu keur nyambung hirup?"
Mantan Bupati Diincer, Rakyat Nunggu Bukti
Warta ngeunaan dilaporkeunana mantan Bupati Karawang, Teh Celli, ka Kejagung RI geus jadi sabiwir hiji. Laporan ti warga Karawang Selatan bulan Oktober 2025 ayeuna geus lungsur ka Kejati Jabar, terus ditéwak deui ku Kejari Karawang.
Isu gratifikasi jeung perizinan tambang ieu ibarat "lagu heubeul nu distél deui". Sadayana terang, urusan tambang di Karawang téh lahan baseuh nu matak tiroseun. Dina sajarahna, geus aya pajabat Karawang nu ti kusruk gara-gara "pelicin" ti pangusaha tambang sangkan izin lingkungan lancar jiga jalan tol.
"Ulah nepi ka proses hukum téh ngan saukur lipsync," ceuk Mang Moang bari miceun puntung rokokna.
"Biasana hukum urang mah sok 'tumpul ka luhur, seukeut ka handap'. Lamun geus adu hareupan jeung nu boga pangkat sarta loba harta, sok dadak-dadakan aya panyakit 'poho' atawa 'kurang bukti'."
Gratifikasi: Tanda Kasih Sayang atawa Racun?
Dina UU TIPIKOR 2021, gratifikasi téh lain saukur duit "kopi" sareng duit "ijon". Hartina jembar pisan. Sagala rupa paméré ka pagawé nagara nu aya patalina jeung jabatan, éta téh haram hukumna. Tapi di lapangan? Ah, dunya proyék mah apal sorangan, "tanda kasih sayang" téh geus dianggap oli sangkan mesin birokrasi teu macét.
Mang Tamsil nambahan, manéhna miharep pisan kaadilan téh ulah saukur "haneut-haneut tai hayam".
"Karunya alam Karawang Selatan, dierékéran, dikerok, ditaluaran leuweungna ngan saukur keur ngeusian saku segelintir jalma. Kabeneran mah pasti manggihan jalanna sorangan, ngan masalahna jalanna loba nu bolong siga jalan di Karawang Selatan!" ceuk Mang Tamsil bari seuri pait.
Catatan Sisi Warung Mang Ujang
Ayeuna, bola panas aya di meja Kejari Karawang. Naha ieu bakal jadi awal ti bersih-bersih Karawang, atawa ngan saukur drama "pindah piring" sangkan publik tenang sakeudeung?
Sateuacan bubar, Mang Tamsil nutup obrolan ku nada banyol tapi nyelekit:
"Mudah-mudahan para penegak hukum urang kuat iman. Ulah nepi ka pedang kaadilan nu sakuduna dipaké neukteuk koruptor, kalah dipaké motong tumpeng perayaan proyék anyar. Gerr..nu hadir seuri ngabarakatak...
Masyarakat Karawang nunggu, naha "Teh Celli" bakal diperiksa bener-bener, atawa ieu ngan saukur haseup roko Mang Ujang nu leungit katebak angin.
Pojok Satir:
Izin tambang kaluar, alam hancur, pajabat seuri, rakyat ngan meunang debuna. Lamun hukum masih kénéh 'titis tulis' gumantung kana eusi pesak, mending urang narik ojeg waé, Mang!
Cag !!

0 Komentar