WARUNG KOPI PAIT, DOMPET HANEUT, JEUNG HARTA KORUPTOR

Gambar ilustrasi.

Ku: Redaksi Majalah Perjuangan


KARAWANG – Panonpoé poé Jumaah (17/04) di Karawang asa beuki morérét. Lain ngan saukur hawa nu panas, tapi isu nu keur digoréng di média sosial ogé milu "nyongkab." Redaksi nyimpang ka hiji tempat nu paling "keramat" sa-Karawang pikeun ngadu bako: Warung Mang Birin.


Éta warung téh percis aya di gigireun Gedung Paripurna DPRD Karawang. Tempat nu paling merenah pikeun ningali para "wakil rakyat" mutuskeun nasib rakyat bari meureun sakali-kali mutuskeun menu dahar beurang nu paling mahal.


Di dinya, Mang Surya, pupuhu lembaga profesi média nu geus asak pangalaman urusan dunya "per-wartawan-an," keur asik nyuruput kopi hideung pait—saurna mah paitna kopi moal sapait ningali nasib anggaran. Digigireunana aya Mang Holil, Mang Podun, Mang Danton, jeung balad-baladna. haseup rokok Djarum Ekstra mulek, jiga mulekna pikiran para koruptor nu keur bingung miceun duit haram.


Ti Korupsi Turun ka Hati (Dompet Awawe Simpanan)


Obrolan dibuka ku isu nu keur viral: Temuan KPK ngeunaan aliran dana korupsi ka awéwé simpenan. Mang Surya ngan ukur seuri konéng bari ngahisap rokonna jero pisan. 


"Ieu mah lain dongéng deui, Mang," ceuk salah saurang di dinya. KPK nyebutkeun 81 persén koruptor téh lalaki, sarta lolobana boga panyakit "mata keranjang." Duit rakyat nu sakuduna dipaké menerkeun "jalan berlubang" di pelosok lembur, kalah dikucurkeun ka dompet haneut alias "lubang yang berjalan". Gerr, anu ngariung teu kuat nahan seuri, ngabarakatak.


Gaya gaya Money Laundering atawa TPPU (Tindak Pidana Pencucian Uang) ayeuna geus pindah modus. Lain ngan saukur meuli aset tanah hektaran tapi meuli "aset" nu bisa dangdan sarta maké tas branded. Ieu mah lain layering deui ngaranna, tapi skincare-ing!


"Bening" di Luar, Bobrok di Jero


Wakil Ketua KPK, Ibnu Basuki Widodo, méré paparan nu matak ngagebeg: “Biasanya cari yang bening-bening.” Hartina, pejabat urang téh boga rumus matematika anyar: 

Korupsi + Perselingkuhan = Nagara Bangkrut.


Duit samiliar mun diteundeun di kolong ranjang sieun dihakan cucunguk, diteundeun di bank sieun kanyahoan ku PPATK. Ahirna? Dikasihkeun ka si Néng simpenan. Ceuk Mang Surya bari seuri satir, "Pantesan jalan loba nu bolong, da anggaranna dipaké nutupan cicilan mobil méwah selingkuhan!"


Selingkuh nu Mawa Malapetaka


Dina obrolan di Warung Mang Birin, kacindekanana mah hiji: Korupsi téh panyakit moral. Mun di imah geus wani teu jujur ka pamajikan sah, komo deui ka rahayat nu jumlahna jutaan. 


Dampakna?

1. Infrastruktur ruksak: Rakyat nu léngkahna tikusruk kana jalan ruksak, si Néng simpenan mah mulus jalan-jalan di mall.

2. Kesenjangan Sosial: Nu beunghar beuki lintuh ku duit haram, nu miskin beuki ripuh dikejar bang Emok.

3. Investasi Sieun: Investor hoream datang ka daerah mun birokrasina "bau hanyir" ku korupsi.


Catetan Redaksi


Pejabat nu korupsi demi awéwé simpenan téh sabenerna keur ngali kuburanana sorangan. Duitna dihakan ku batur, dosana ditanggung sorangan, pamajikan sah nanggung wirang, rakyat nanggung sangsara.


Mang Surya neundeun gelas kopina nu geus korédas. "Heueuh," pokna. "Kopi mah paitna di létah, tapi korupsi mah paitna nepi ka anak incu."


Méméh bubar, rombongan di Warung Mang Birin ngan ukur bisa ngusap dada. Mudah-mudahan para pejabat di Karawang mah—nu sok rapat di gedung paripurna éta—teu kaasup golongan nu resep "nyuci uang" ku cara "nyuci wajah" awewe simpenan anu ngagaduhan pusaka sakti "Dompet Haneut". 


Cag!



0 Komentar