![]() |
| Gambar ilustrasi |
Edisi 12 April 2026
Oleh: Redaksi Majalah Perjuangan
KARAWANG – Wargi Karawang, kumaha damang? Aya carita deudeuh ti Villa Empang, Jl. Manunggal. Di dieu, Mang Hamid Ambon, Ketua JWI Karawang anu tos legok tapak, genteng kadek, asak pangalaman di dunya "proyekan" infrastruktur, nuju anteng ngopi bari nyuruput haseup udud. Sanes nuju ngobrolkeun janda bahenol, tapi nuju nyentil masalah parkir RSUD anu viralna ngaleuwihan video TikTok selebgram.
Suasana di Villa Empang sabenerna mah "adem ayem," aya sampeu kulub, aya kopi hideung, tapi obrolanna mah rada "lada." Mang Hamid nyentil soal tarif parkir RSUD anu cenah mah "Argo Kuda."
"Kieu yeuh, lur," ceuk Mang Hamid bari seuri koneng. "Jalma ka RSUD teh hayang cageur awakna. Ari pek teh, ningali tarif parkir, awak can cageur, dompet geus tipes tiheula. Ieu mah lain panyakit medis deui, tapi panyakit 'kanker' alias kantong kering!"
Mang Hamid, atawa nu sok disebut Hamid Ambon, ngingetkeun para "Bapa Dewan" anu diuk dina korsi empuk. Cenah, aya pesan ti Ajengan Yayan Sopian, Sekretaris 1 MUI oge Khoirul umur ausathuha. Hartina mah, mending cokot jalan tengah. Ulah nepi ka rakyat geus susah kalah ditambahan ku urusan parkir anu tarifna siga keur balapan F1.
"Aturan mah dijieun ku manusa, sanes lungsur ti langit. Masa sih bapa-bapa Dewan teu tiasa ngomean aturan? Ulah nepi ka retribusi parkir jadi barikade keur rakyat leutik," pokna bari diaminan ku nu araya di dinya.
Memang bener, lur. Di balik angka retribusi, aya raray-raray kolot anu melong ningali jam, sieun tagihan parkirna beuki numpuk. Ayeuna mah tinggal nunggu kawijakan ti para elit pejabat anu "manggung," naha rek tetep kaku siga kerupuk asup angin, atawa daek ngadenge jeritan receh di panto gerbang.
Pantun Lucu:
> Lauk bawal dipais kucai,
> Dituangna di luhur batu.
> Niat ka rumah sakit hayang cageur euy,
> Pas kaluar parkir, malah jantungan ningali tagihan kartu!
Cag..

0 Komentar