![]() |
| Gambar ilustrasi |
Ku: Redaksi Majalah Perjuangan.
KARAWANG – Di hiji madhab, persisna di hareupeun Kantor Dinas PUPR Jalan Arif Rahman Hakim, aya ritual nu rada mahiwal. Lain ritual ménta nomer togel, tapi ritual ngadu bako bari nyuruput kopi pait di Warung Mang Ujang.
Nu boga hajatna téh barudak Redaksi Majalah Perjuangan, dibaturan ku para aktivis jeung jurnalis nu biasa ngawaskeun kegiatan infrastruktur di Kabupaten Karawang.
Aya Mang Obet, sosok nu geus moal bireuk deui di dunya pergerakan, keur anteng ngobrol jeung Mang Hamid Ambon. Obrolanna téh sanés soal cuaca nu keur hareudang, tapi soal Kadin Karawang nu cenah ayeuna mah keur usum "beulah dua".
"Mang Hamid, ari Kadin di Karawang téh bener aya dua? Meni jiga siki pinang dibeulah dua kitu," tanya Mang Obet bari nyebrotkeun haseup rokok bodasna nu seungitna nyegak.
Mang Hamid Ambon ukur bisa gogodeg bari kerung. "Enya, Mang Obet. Duka teuing kumaha mimitina, Kadin téh meni bisa kembar kitu. Meureun harita indungna nyiram hayang Mukab dua kali," tembal Mang Hamid bari muringis.
Kamar Dagang atawa Kamar Ijon?
Lantaran obrolan beuki panas jiga cikopi nu karek ninyuh, Mang Moang nu ti tatadi ngabandungan bari nyarandé langsung méré celetukan nu matak peureus.
"Alah, daripada pusing mikiran Kadin anu rebutan korsi, mending urang usulkeun wé ka Bupati sangkan nyieun lembaga anyar. Ngaranna angger KADIN, tapi singgetan tina Kamar Dagang dan Ijon Indonesia!" ceuk Mang Moang disambut ku seuri ngabarakatak bareng sa-warung Mang Ujang.
Mang Obet, nu dasarna resep heureuy tapi jero, langsung nembalan. "Wah, lamun kuring dipercaya jadi pimpinan Kamar Dagang dan Ijon mah, siap pisan! Rek paket proyek pimpinan birokrat, rek pimpinan politik, pokona mah kuring siap nampung 'ijon' ti mana waé," ceuk Mang Obet bari seuri , tapi seuri pinuh misteri.
Dinamika atawa Rek Rebutan "Kue"?
Sabenerna mah, nurutkeun aturan mah Kadin téh kudu jadi mitra strategis pamaréntah pikeun majukeun ékonomi. Tapi ningali kaayaan di Karawang, nu aya kalah "Matahari Kembar". Aya dua Mukab di dua tempat nu béda, masing-masing ngarasa pang-sahna, masing-masing boga stempel.
Investor mah sabenerna teu paduli saha nu pang tarikna gogorowokan. Nu diperlukeun téh legalitas. Lamun organisasina waé geus "pécah kuluwung", kumaha rék ngayakinkeun nu boga modal sangkan investasi di Karawang?
Dualisme kieu téh sok disebut "dinamika organisasi". Padahal mah, rakyat jeung dunya usaha mah teu butuh dinamika nu matak lieur. Karawang téh kota industri gede, lain tempat keur ulin "ucing-ucingan" korsi jabatan. Mun Kadin angger pécah, hartina lain keur mela pengusaha, tapi keur mela kapentingan sababaraha urang nu hayang katingali "gagah".
Pikeun barudak di Warung Mang Ujang, pesenna mah basajan: Lamun bener mela pangusaha, pék hijikeun deui. Ulah nepika Kadin Karawang robah fungsi jadi tempat "ijon" proyék jeung lobi-lobi poék.
Sebab, ari matahari mah di mana-mana gé ngan hiji. Lamun aya dua, éta mah lain tanda-tanda rék maju, tapi tanda-tanda rék kiamat... minimal kiamatna marwah organisasi.
Cag !

0 Komentar