![]() |
| Asep Agustian, SH., MH. |
Ku: Redaksi Majalah Perjuangan
KARAWANG – Ieu mah caritana Tim Redaksi Majalah Perjuangan keur "ngasor" santai bari ngopi hideung jeung goreng cau nu haneut keneh di Pos Ronda lingkungan Anjun, Saptu (11/04) peuting.
Nu diajak ngawangkongna oge lain jalma sambarangan, nyaeta Asep Agustian SH. MH, alias Askun. Eta si Akang nu hiji ieu mah mun geus ngomong teh sok "ngabeledug" siga mercon, tapi eusina daging kabeh! Obrolan nu tadina heureuy guntreng, jol weh nyerepet kana urusan panas: Dinas PUPR Karawang keur digulung ku kanyataan pait!
Pemborong Muriangan, HPS Jalan Rendah Pisan?
Cenah mah ayeuna teh para pemborong di Karawang keur maruringkak bulu punduk, lain katumpakan kuntilanak, tapi ku HPS (Harga Perkiraan Sendiri) nu dijieun ku Bidang Jalan PUPR. Bayangkeun weh, harga material di pasar geus nérékél naék nyundul langit, ari HPS-na angger keneh di handap, siga harga baso Haji Yatmin taun 90-an!
"Ieu mah usaha teh lain neangan untung, tapi neangan buntung!" ceuk Askun bari nyedot kopina jero pisan.
Askun neundeun kapercayaan yen Kabid Jalan PUPR teh keur "sare tibra" atawa mémang kurang ulin ka toko bangunan. Masa enya harga hotmix AC-WC di luar geus nepi ka Rp 1,8 juta - Rp 1,9 juta per ton, ari HPS-na masih keneh "ngalamun" di angka nu teu asup akal.
Ulah Ngan Ukur Haha-Hehe!
Kalayan gaya cohag tapi keuna, Askun ménta Kabid Jalan ulah ngan ukur diuk manis bari ngagosok batu ali di kantor ber AC.
"Cing atuh Kabid Jalan teh turun ka lapangan, pariksa harga pasar! Tong ngan ukur bisa haha-hehe nyebut aman terkendali, padahal pemborong geus kembang kempis irungna nahan rugi!" tegas Askun.
Mun kieu terus, Askun hariwang kualitas jalan di Karawang bakal siga "kurupuk", kakara katincak saeutik geus ruksak. Da pemborongna oge pasti "mikir" kumaha carana supaya teu tekor, tungtungna mah spek dikurangan. Nu rugi saha? Nya urang kabeh salaku warga Karawang!
Titip Talatah ka Pak Bupati
Teu poho, Askun oge "nyentil" Bupati Karawang, H. Aep Syaepuloh. Askun yakin Pak Bupati mah paham pisan kana urusan kieu, da apan anjeunna oge boga background pengusaha jasa konstruksi.
"Pak Bupati, mangga atuh dievaluasi eta kinerja Kabid Jalan. Ulah nepi ka engkena jadi temuan BPK gara-gara HPS-na asal bapa seneng," tambahna bari seuri leutik.
Pantun Panutup ti Pos Ronda
Sateuacan bubar ngopi, Askun sempet mere pantun keur pépéling urang saréya:
Meli kupat di sisi jalan,
Didahar bari nungguan mangsa.
Mun nyieun HPS asal-asalan,
Tangtu jalan bakal gancang ruksakna!
Intina mah, ulah nepi ka demi "efisiensi" tapi malah jadi "defisiensi" kualitas. Mun anggaran kurang, nya kurangin volumenna, ulah hargana nu dicekek. Bener teu, Lur?
Cag!
Salam ti Pos Ronda Anjun.

0 Komentar