![]() |
| Gambar ilustrasi. |
Oleh: Redaksi Majalah Perjuangan
KARAWANG — Lamun aya tempat anu pang-akuratna keur ngukur suhu politik di Karawang, lain di jero rohang sidang anu AC-na nyecep, tapi di Warung Kopi Mang Birin. Perenahna persis di gigireun Gedung Paripurna DPRD Karawang. Di dieu, nasib anggaran miliaran rupiah dibahas bari nyuruput kopi hideung jeung ngenyot udud kretek ku gaya nu leuwih "paripurna" tibatan anggota dewan nu asli.
Awal April 2026 ieu, hawa di Karawang rada bentar. Lain ku pangaruh El Niño, tapi ku haseup obrolan ngeunaan Pokir (Pokok-Pokok Pikiran) anu mimiti kaangseu bau hanyirna.
Mufakat Jahat atawa 'Mufakat Warung'?
Obrolan dibuka ku Mang Jajat Putera Keadilan, nu gaya nanyana geus siga jaksa tapi beungeutna mah tetep rakyat jelata.
"Upami calo pokir atanapi 'Amil' pokir eta, tiasa kitu dijerat pasal permufakatan bersama dina UU Tipikor? Nanya mah meunang meureun..." ceuk Jajat bari neuteup ampas kopi, siga nuju neangan jimat.
Mang Ciung nu ti tadi geus gumasep nimpah, "Lah, paling oge mun geus katewak KPK mah alibi na 'pinjam-meminjam'. Klasik eta mah, Jat! Siga maneh nginjeum duit ka uing, bédana mah ieu mah nginjeumna duit nagara tapi poho mulangkeun!"
Warung Mang Birin langsung ger sora seuri. Cohag pisan, tapi nyelekit.
Dilema Pemborong: Antara Diperas atawa 'Suka-Sama-Suka'
Mang Obet, nu sok apal jeroan proyek, milu cumarita bari rada garihal.
"Kieu lah, keur pemborong nu ngarasa diperas ku paket pokir eksekutif jeung legislatif, gera lapor! Tapi keur pemborong nu teu ngarasa diperas, nya geus... nikmati weh eta hasil kejahatan bersama. Ulah loba tatanya mun engke ujug-ujug aya serat cinta ti APH!"
Tapi, Mang Iwan Vitoy teu pati sapuk mun nu disalahkeun ngan legislatif hungkul.
"Jat, nu boga pokir teh lain dewan wae salaku legislatif. Eksekutif oge, dinas teknis, pan boga proyek. Pertanyaanna: Naha di lingkungan eksekutif aya IJON-na oge? Nanya mah kenging panginten, nya?"
Mang Surya nembalan pondok bari seuri pait: "Eksekutif mah asupna kana 'Ikut Serta' meureun, Mang. Ikut-ikutan wae tuda, batur ijon, manehna hayang milu ngasaan amisna."
Mata Rantai nu Hese Pegat
Di juru warung, Mbi Wiwi nu biasana jualan gorengan ujug-ujug vokal siga aktivis 98.
"Kasus pokir eta mah geus jadi hiji kasantuan, Mang Jajat! Mata rantai korupsi! Merugikeun nagara, asup kategori KKN eta mah!"
Disatujuan ku Mang Teguh nu kalem tapi maut: "Enya, secara bersama-sama... turut serta merugikan negara. Siga paduan suara, sorana harmonis pisan mun keur ngabangsat mah."
Catatan Redaksi: Ulah Poho sajarah!
Mencermati obrolan di Warung Mang Birin, sabenerna Karawang keur nuju kana "Déjà Vu" hukum. Sajarah kelam anggota DPRD nu kungsi asup bui gara-gara proyek aspirasi kuduna jadi eunteung. Tapi sigana, eunteung di Karawang mah rada burem ku lebu proyek.
"Korupsi teh siga hitut di jero lift. Anu ngalakukeun mah kalem wae, tapi bau na mah kabeh nu nanggung."
Desakan ti Kang Askun, praktisi hukum sangkan APH (Aparat Penegak Hukum) ngusut dugaan Ijon Proyek lain ngan saukur gertak sambel. Karawang kiwari keur dipantau. Ti mimiti polemik parkir RSUD nepi ka fee 5 persen pokir nu kungsi rame taun 2022, kabeh jadi akumulasi kakeuheul masarakat.
Pikeun para pajabat di Gedung Paripurna: Sing emut, kursi empuk teh ladang ibadah, lain ladang ijon. Bisi engke, kopi ti Mang Birin mah manis, tapi "kopi" di kantor APH mah rasana paitna saumur hirup.
Sampurasun!
Cag !!

0 Komentar