![]() |
| Asep Agustian, SH., MH, |
Ku Redaksi Majalah Perjuangan
KARAWANG - Beuuh, ampun deuleu! Karawang deui, Karawang deui. Lamun geus ngomongkeun urusan "Ijon Pokir" di gedung wakil rakyat mah, rasana teh jiga ngadahar seblak lada pisan, matak murel kana beuteung tapi panas kana ceuli.
Tim Redaksi Majalah Perjuangan mangsa katukang sempet nyimpang ka Galuh Mas. Ngadon ngopi bari ngadu bako jeung jawara hukum urang, saha deui lamun lain Asep Agustian SH.MH, alias Kang Askun. Biasa, di rohangan kerjana anu tiis, obrolan mah kalah beuki panas gara-gara aya surat ondangan rapat "misterius" ti DPRD Karawang.
Rapat Naon atawa Rapat-rapatan?
Cing mangga parios, aya surat nomer 000.1.5/377/DPRD tanggal 6 April 2026. Eta Ketua Dewan, H. Endang Sodikin (HES), ngondang pimpinan fraksi jeung pimpinan dewan titah kumpul di Gedung Muspida. Tapi nu matak seuri mah agendana, euy! Dina suratna ngan kiriman tulisan: "Tentang Pembahasan Isu yang Berkembang Saat Ini."
Beu! Isu naon coba? Isu harga jengkol naek? Atawa isu aya randa anyar di lembur? Nya pasti moal jauh ti urusan "Ijon Pokir" nu keur viral tea!
Pas wartawan nanya via WhatsApp (WA) ka Pak Ketua HES, eh... kalah centang dua hungkul jigan mah, alias can aya jawaban resmi. Meureun keur milarian sinyal atawa ngetikna bari rungsing.
Sentilan "Cohag" ti Kang Askun
Ningali kalakuan wakil rakyat nu jiga kitu, Kang Askun mah langsung seuri sinis bari ngaleguk kopina. Omonganna mah geus pasti, pedes jeung no filter pisan:
"Ieu mah wakil rakyat Karawang teh kurang pagawean pisan! Biasana mah rapat teh jelas atuh agendana, misalna rapat Pansus naon kitu. Ieu mah rapat bahas isu... isu naon? Pokir dewan maksudna? Duh, eta Ketua DPRD dibaca heula teu suratna saencan ditanda tangan? Lucu pisan, pimpinan dewan rapat bahas isu, jiga ibu-ibu keur arisan wae!" ceuk Askun bari ngabarakatak.
Kang Askun negeskeun, urusan Ijon Pokir mah lain ngan saukur "isu" atawa "opini" nu bisa ditiup kitu wae. Eta teh fakta! Malah manehna nangtang ka Aparat Penegak Hukum (APH), lamun bener-bener hayang ngabongkar eta ijon pokir, Kang Askun siap mere data-datana.
"Jadi tong disangka uing teu apal eta rapat bahas naon. Apal pisan! Mau kabur ka mana wae ge, pasti ku uing dikejar eta anggota dewan!" tandasna bari mureleng jiga macan Karawang.
Pantun Keur Nu di Gedung Dewan
Sateuacan obrolan rengse, aya oleh-oleh pantun husus keur para "Inohong" urang:
Meli kupat di darmaga,
Dituangna bari jeung nangka.
Rapat mah kudu terbuka,
Ulah ukur miceun biaya jeung nahan era!
Kacindekanana: Rakyat Karawang teh geus palinter, Lur! Tong diheureuykeun ku basa-basa "Isu" nu teu paruguh. Lamun bener bersih, naha bet kudu rungsing ngayakeun rapat dadakan bari agendana "misterius" kitu?
Duh, Karawang... Karawang! Salila aya Kang Askun mah, moal bisa sare tibra tah nu sok main ijon! ***

0 Komentar