![]() |
| Gambar ilustrasi |
Ku: Redaksi Majalah Perjuangan
KARAWANG - Suasana di Jalan Dewi Sartika poe ieu mah lain lumayan deui, tapi geus pabeulit ku seuri. Tim redaksi kadatangan tamu agung tapi "loba banyol", nyaeta Abah Pepen (Saleh Efendi). Tilas birokrat Karawang anu geus asak pangalaman di dunya pamarentahan, tapi tetep seger ari diajak ngawangkong mah.
Sambil nyerebung nyeuseup rokok "Dji Sam Soe" (234), Abah Pepen siga nu keur semedi dina haseup. Kopi pait geus sasadiaan, mimik wajahna serius tapi rada pikaseurieun. Maranehna keur ngabahas berita nu keur viral: Ketua Ombudsman RI, Hery Susanto, anu anyar genep poe menjabat geus dicangkalak ku Kejaksaan Agung gara-gara duit haram nikel Rp1,5 miliar.
Assessment Ulah Ngan Saukur Keretas!
"Dengekeun nya, barudak!" ceuk Abah Pepen bari nyuruput kopi paitna. "Promosi jabatan teh ulah asal clak-herang! Kudu aya Assessment anu bener. Ulah asal lantik dumeh deukeut, dumeh Tim sukses atawa dumeh dulur!"
Nurutkeun Abah, assessment ayeuna mah kudu leuwih canggih. Lain ngan saukur psikotes, tapi kudu nepi ka Test DNA. Tah ieu nu matak gogoleran teh!
"Kudu dicek eta getihna! Aya henteu Gen Koruptor, Gen Maling, Gen Hedonis, Gen LGBT, nepi ka Gen ODGJ (Orang Dengan Gangguan Jiwa). Mun tina getihna geus aya bakat 'ngetok' duit nagara, mending tong dijadikeun pejabat, jadikeun tukang angon bae!" pokna bari molotot tapi biwirna mah nyerengeh.
Pantun Karawangan Keur Koruptor
Sateuacan neraskeun obrolan, Abah Pepen sempet-sempetna ngalungkeun pantun:
Dibawa balik make mobil kijang.
Gaya gagah, pangkatna gede,
Hanjakal balikna make baju orange nanggung kawirang!
Ketua Ombudsman Kena Semprot
Pas keur asik ngawangkong, Mang Hamid Ambon (Ketua lembaga wartawan di Karawang) nanya bari panasaran: "Bah, kumaha eta mamanawian Ketua Ombudsman anu ditewak KPK eh Kejaksaan Agung? Padahal kakara genep poe menjabat, geus kabeulit kasus nikel Rp1,5 miliar!"
Abah Pepen teu nunggu lila. Manehna ngajawab pondok, tapi jero:
"Ari eta mah... sigana mah si Ketua eta teh asup kana golongan GEN ODGJ!"
Gerrrr...!!! Kantor redaksi langsung pecah ku sora seuri. Nu hadir di dinya nepi ka aya nu ticengklak tina korsi. Kumaha teu seuri, jabatan sakelas Ketua Ombudsman, nu kudu mulasara pelayanan publik, malah "ngahakan" duit suap ti PT TSHI. Anyar keneh dilantik tanggal 16 April 2026, eh geus kudu pindah mondok ka Rutan Salemba.
Pesen Singket ti Abah
Kasus Hery Susanto ieu jadi pelajaran keur urang Karawang jeung sa-Indonesia. Sanajan pihak Ombudsman geus minta maaf, tapi nasi geus jadi bubur—malahan buburna geus haseum.
"Pokona mah kitu, lamun ti mimiti DNA-na geus bau duit haram, rek ditempatkeun di mana ge angger bae 'ngayun'. Matak, penting pisan eta Test DNA teh, bisi urang dipingpin ku ODGJ nu nyamur jadi pejabat!" tutup Abah Pepen seuri deui, bari nembongkeun kebul haseup roko kretek.***

0 Komentar