![]() |
| H. Karsim, anggota DPRD Karawang, ti Fraksi PDIP, lain saukur janji tapi sok turun langsung, aksi ka lapangan. |
Baraya Perjuangan!! Karawang téh nagri sawah, lembur paré, beasna jadi eusi beuteung sa-Jawa Barat, malah sakadang Indonésia. Tapi hirup patani téh lain ngan ukur ngaran: makmur. Aya mangsa nu matak ratug, nyatana usum halodo, sawah garing, kurang cai.
Ti béh ditu kénéh, solokan anu sakuduna jadi urat nadi kahirupan, geus lila jadi saksi bisu tina kahariwang. Solokan sékunder nu ti mimiti Mekarjati, Sekarwangi, nepi ka Rengasdengklok, ngadéét lantaran pinuh ku leutak kentel jeung runtah écéng gondok nu teu kaop. Cai, nu sakuduna cur-cor lir ibarat getih dina jero awak, ayeuna mah ukur ngarenghap, sesek napas, lila-lila antukna modar.
![]() |
| Excavator bantuan Tim KDM ngangkat runtah écéng gondok, di saluran sekunder, desa Sekarwangi, Rawamerta. |
"Gustiiiii... kumaha atuh, mun paré teu kasiram? Lir ibarat méméh salam, geus paéh dina jero solat!" ceuk Korsa (56), patani Sekarwangi, bari ngusap tarang nu pinuh ku peluh. Sawah 700 hektar di dinya, malah nepika 1.800 hektar di Rengasdengklok, geus lila ngararasakeun katiga (halodo). Jeritna patani, sanajan teu kadéngé ku ceuli manusa anu di kota, tapi nepi ka langit katujuh.
Panangan Tiis ti Balé Déwan
Singhoréng, jeritan ti balaréa patani téh lain ukur jadi hawa nu ngaliwat. Aya hiji inohong nu haténa teu weléh gulinggasahan mun ningali rayatna katalangsara. H. Karsim, Anggota DPRD Karawang ti Fraksi PDIP.
![]() |
| H. Karsim téh lain tipe wakil rayat nu ukur calik éndah dina korsi gedong déwan, tapi gesit aksi nyata ka lapangan. |
Pak Karsim téh lain tipe wawakil rayat nu ukur calik éndah dina korsi beureum di gedong déwan. Sanajan awakna pinuh ku wibawa, tapi haténa mah leuwih deukeut ka leutak sawah. Anjeunna téh pamingpin nu henteu ukur cariosan alias omongan, tapi sok langsung turun kana palataran, dibayar ku aksi nyata.
Anjeunna tuluy getol ngaraketkeun silaturahmi sarta kolaborasi. Diaku atawa henteu, dina urusan cai mah butuh kasadaran babarengan. Ti mimiti Dinas PUPR, Balai Besar Wilayah Sungai (BBWS), nepi ka PJT II, kabéh ditarik kana hiji galur pikeun ngahirupkeun deui solokan sékunder.
![]() |
| Butuh waktu 3 poé, runtah écéng gondok diangkat ka darat. |
Sarta pangageungna, aya pitulung nu datang tina kahadéan Tim Kang Dedi Mulyadi (KDM), nu nurunkeun alat beurat, ékskavator panggedéna. Lamun ceuk urang baheula mah, ieu téh lir ibarat datangna Karomah tina niat anu bener.
Teu lila, ti Mekarjati, Sekarwangi, nepi ka Rengasdengklok, ramé ku sora nu ngaguruh: sora ékskavator nu keur ngaduk leutak, ngali solokan nu geus katutup. Ieu sora téh lir ibarat sora Azan anyar pikeun patani: sora harepan, sora mimiti tina kahirupan nu anyar.
Ékskavator ti KDM fokus di Mekarjati jeung Sekarwangi, méakeun waktu 60 poé pinuh, keur mastikeun cai ngocor ka 700 hektar sawah. Sedengkeun bantuan ti BBWS teu éléh rosa, nurunkeun ogé ékskavator salila 60 poé, nargétkeun 1.800 hektar sawah di Rengasdengklok jeung Kutawaluya.
Kosim (60), patani ti Mekarjati, ngasrog bari leungeunna pinuh ku leutak. "Alhamdulillah, barokah ieu téh. Harepan urang kiwari mah, sanggeus dinormalisasi, solokan téh kudu dirawat terus-terusan," pokna, neundeun harepan nu jero. "Mun cai geus lancar mah, urang wani boga udagan panén nepi ka tilu kali sataun. Éta téh hartina paningkatan rezeki keur urang sadaya, paningkatan kana kasalametan kulawarga!"
Korsa nambahkeun: "Pak Karsim téh panangan tiis... lain ukur ngalirkeun cai, tapi leuwih ti éta, geus ngahirupkeun deui sumanget gotong-royong para patani. Kudu inget, urang mah hirup téh kudu jujur, teu meunang méngpar tina jalan kahadéan!"
Amanat Kahirupan
Carita ieu negeskeun hiji hal nu geus lila dilaliakeun: Lamun sadaya pihak—ti patani di sawah nepi ka pajabat di gedong déwan—sapuk dina hiji tujuan (niat anu bener jeung jujur), tantangan sakumaha gedéna gé bisa diatasi.
Cai anu tadina sesah lir ibarat ménta kasalametan tina takdir, ayeuna geus ngocor lancar, nyiram rébuan hektar sawah, sarta mawa beja nu matak bungah keur katahanan pangan Karawang.
Sakumaha ceuk para karuhun: "Cai Ngocor, Hasil Ngocor!" Nya ti dinya, dina ngocorna cai anu bersih jeung lancar, aya barokah nu gedé pikeun saréréa. Sabab, rezeki téh geus diatur ku Pangéran, ngan urangna kudu daék ihtiar, kudu daék silih tulungan, sarta ngabersihkeun solokan lir ibarat ngabersihkeun haté tina panyakit.
(Mang Ahass).




0 Komentar